Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dahar. Geura ngeunah teh bamih gorengna.”

Dina mobil Harjo terus-terus imut, boga rasa, eupan useupna disanggut, da Mimin geus aya kahayangna sarta jiga nu bungaheun waktu manehna nyebutkeun rek dilaksanakeun teh. Ku pamikirna, mun Mimin geus daek dipangnyieunkeun gedong, anu tangtu daek dijieun pamajikan.

Ngan ku jalan jadi pamajikan, Mimin bisa sadrah masrahkan raga-jiwana, sabab geus sababaraha kali nyoba ku jalan diolo, dipangmeulikeun papakean nu harade, duit geus aya rebuna, tapi Mimin keukeuh pengkuh, enggoning ngajaga kahormatanana.

Harjo masih inget, malah kapok geus moal rek wani-wani deui nyoba ngalanggar kana kahormatan Mimin. Cek Mimin harita: Omat! Ulah sakali-kali deui kagungan manah hayang maksamirusa ngotoran Mimin. Mimin bakal pundung, sarta moal bakal bisa tepung deui satutup umur.”

Eta sababna, nu matak Harjo pohara ngajagana, boh ucapna, boh rengkakna, sangkan ulah nyigeung kana rasa-rumasana Mimin. Tapi sakapeung mah, mun datang timburuan sieun direbut batur, sok datang oge napsu-sugalna.

Ayeuna manehna teu ngaguligah teuing, tengtrem, dumeh Mimin geus ngucapkeun hayang gedong.

Sanggeus dalahar di Hotel Lembang, harita kira-kira wanci jam 2, manehna mulang ka Kota. Palebah parapatan Taman Merdeka, manehna nenjo aya awewe kolot nu rebo ngagandong said nu dieusi balanjaan ti pasar.

Mimin nepak tonggona supir, nitah eureun.

Mimin turun, gagancangan nuturkeun awewe kolot tea.

„Ema! Ema!” Bari ngarangkul.

Nu dirangkul kaget ngepeskeun nepi ka Mimin tijengkang. Harjo buru-buru muru, bari hookeun dicekel taktakna eta awewe teh.

Mimin ngarangkul deui: „Ema! Ema! Ieu abdi Empat!”

Keur mah dirangkul, katambah ku Harjo taktakna dicekel, atuh bru bȧe eta awewe teh nambru. Gandonganana awur-awuran, tapi eta awewe teh acan daek ngomong keneh bae ku bawaning kaget jeung hareungeueun.

103