Mimin nangkeup kana cangkengna, sirahna nyaluuh kana lebah dadana bari ema-emaan: „Ieu Empat, Ema!”
Duapuluh taun ka tukang, waktu Empat umur 15 taun, incah ti imah, ninggalkeun ema jeung bapana, diteangan ka ditu ka dieu, weleh teu kapanggih, geus putus asa, geus dianggap taya dikieuna, geus leungit tina ingetanana .......... ayeuna aya awewe nu ngarangkul bari nyebut ngaran Empat.
„Em..........pat,” manehna ngunyem, bari nginget-nginget kana rupa Empat duapuluh taun ka tukang, ari ieu nu ngarangkul awewe ginding, geulis-luis, jauh ti wanda Empat nu sakadar budak tukang metik enteh. Weleh, lelembutanana acan ngumpul, acan kakoreh bandinganana Empat baheula jeung awewe nu nyebut ngaran Empat.
„Dimana bapa”?
Nu ditanya masih keneh budeg, hemeng, tapi terus melong ka Mimin.
„Min, ieuh!” cek Harjo, „Isin atuh, jelema mani ngarogrog kieu, kumaha atuh?”
Mimin ngan ukur tanggah, bingung.
terus nyekel kana leungeun awewe nu disebut Ema tea.
Nangtung bari lingkung, luak-lieuk kana said nu tadi eusina awur-awuran teh geus beres deui, da geus diberesan ku Supir.
Mimin ngaleng, terus dibawa kana mobil, dituturkeun ku Harjo.
Jelema-jelema nu ngariung, sili-tanya, „aya naon-aya naon.” Patanya-tanya bari pada teu nyaho laratanana. Paolohok-olohok bari pada boga anggapan sewang-sewangan; naha kaserempet mobil atawa nulungan awewe labuh, sarerea bureng. Kabeh pada nenjo awewe kolot butin dituyun ku nu lenjang, ginding tur kewes, dibawa kana mobil.
„Rek dibawa ka rumahsakit, meureun!” Cek saurang.
„Naha ku naon kitu?” Cek saurang deui.
Jelema-jelema jadi patanya-tanya deui. Tapi sanggeusna mobil indit mah, geus teu jadi sualan deui.
„Bade dicandak ka mana abdi teh?” Cek eta awewe nanya, sanggeusna aya di jero mobil.