Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Ieuh, ieu teh Empat putra Ema. Putra Ema nu kabur tea. Putra Ema nu sieuneun ku Anom Anton tea! Sing emut! Ayeuna urang ka rorompok ............ rorompok Empat!”

Ngadenge kecap kabur jeung Anom Anton, nyah ingetanana enyay-enyay.

Sanggeusna nenjo karang dina beuheung beulah katuhu handapeun ceuli Mimin, manehna ngagabrug kana lahunanana, ngagero: „Em-pat!”

Sajajalan, sajeroning dina mobil diuk sagigireun Supir. Harjo terus bungkem ku teu ngarti urusanana, komo lebah ngadenge kabur, Anom Anton jeung Empat mah. Ku kituna manehna can wani nanya kumaha ujung puhuna.

Sanggeus nepi ka Tepangsono, ka imahna Mimin, kakara Harjo ngarti saeutik-eutikeun sanggeusna dibere katerangan pondok ku Mimin, yen eta teh indungna. Sanajan kitu masih teu weleh bureng, da panyangkana Mimin teh anak Ibu Eneng.

Indungna Empat, sanggeusna rada reureuh di imahna Mimin, sanggeus nginum, beuki inget, beuki tetela, enya Empat anakna nu leungit tea. Manehna ngomong: „Bapa oge aya keneh......”

„Di mana? Hayu ulah kapalang urang papagkeun ayeuna .................. Ari Cecep ............ Ma?”

„Ke ...... geus salse urang ceritakeun.

Harita keneh Kasim dipapagkeun serta terus cicing riung mumpulung di Tepangsono .......

Baheula, jaman di Kontrak sok nenjo juragan-juragan Anom marake piyama, heg sukuna make sendal, pantes teh. Manehna hayang make piyama, make sendal, teu kasorangkeun, da atuh ngan sakadar kuli-kontrak nu gajihna harita saminggu 7 talen, mangkaning harga piyama apan aya opat perakna.

Ayeuna, sanggeus Kasim ngariung deui jeung anakna nu lawas ti lawas kakara panggih, kabeneran atuh Empat geus jugala, piyama jeung sendal karetbodas teh kalaksanakeun. Ti tas mandi sore peuting dipake sare nepi ka isuk-isuk, piyama tara tingaleun. Kitu deui sendal, di imah teu meunang lesot. Malah sok rajeun poho, heg kepanggih ku Empat buru-buru dibejaan: „Pa, sendal anggo, bilih tiis sampean!”

105