Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mun Kasim kanyahoan ku Empat, kurad-kored atawa sasapu di buruan, cara bakuna waktu jadi Bujangsakola, teu meunang, basana teh: „Peupeuriheun kapengker taya deui damel mung kurad-kored, sasapu, nampolan suluh di juragan Hup, atuh cing ayeuna mah, pan gaduh bujang si-Sar’an, tos linggih-linggih bae. Upami atuh, ku bawaning palay barang damel, tamba kesel, cekap ku ngamandoran.

Emana oge, teumeunang pipilueun di dapur sumawonna make nyeuseuhan, ngumbah piring mah: „Tos Ema, calik-calik bae, tuang leueut atuh jalan-jalan ka kebon, tamba kesel mah, Upami aya kapalay nu teu aya di dieu, sasauran bae ka abdi, palay naon, mangga ku abdi dipeser asal ulah waka palay mobil bae, eta mah teu acan kabedag.”

Tapi, da kumaha atuh, tuman tea, tuman diparentah, tuman digawe, jeung tinimbang marentah mah ka Sar’an, anggur kek ku sorangan, mun nenjo pakarangan barala atawa pager nu perlu dihadean teh. Da eta ongkoh, geuning ari tuman digawe mah, heg nganggur teh, awak oge jadi pararegel, tareunangan sagala. Tungtungna mah, nya Kasim nya Emana, dicarek-carek oge sok maksa bae, ngan mun bareto digawena diparentah, ayeuna mah sakersana.

„sanes, Ema!” Cek Empat bari-ngalendean ogo, sakali mangsa pabeubeurang di saung kebon deukeut balong, „ari Cecep di mana?”

„Kamari ieu ku Bapa tos didongengkeun, yen Bapa jeung Ema jadi Bujangsakola teh, asal-usulna mah neangan Empat teu kapanggih wae, nya dipatuhkeun ku Cecep.”

„Enya, nya Ema! Padahal teu sakumaha tebihna ti Bandung ka dieu. Ongkoh da sieun kapendak ku Pulisi, nu dipiwarang ku Anom Anton, eta margina dugi ka abdi ngalandih sorangan jadi ngaran Mimin ............ Terasna kumaha?”

„Saparantosna Cecep ka luar ti sakola, jaman Walanda keneh, kungsi nepungan Bapa jeung Ema, saurna teh didamel di Batawi di Kantor Besar kontrak, saheulaanan Bapa jeung Ema jongjon-jongjon bae di dieu, digawe, engke di mana di Batawi tos boga tempat, rek diangkir supaya Bapa jeung Ema ngiring ka

106