Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Cecep. Nepi ka perang Jepang, nepi ka Jepang di urang, teu aya bae. Bapa jeung Ema tetep jadi Bujangsakola.

Ku lantaran dina jaman Jepang Walanda-Walanda dipeuncitan cenah, Bapa kungsi ka kontrak tepung jeung juragan Hup malah juragan Hup teh, harita dipercaya ku Nippon jadi tuan Kawasa. Ti juragan Hup meunang katerangan, cenah Cecep oge dijenengkeun Employe di kontrak jauh di Sumatra ............

.... Empat ngarenghap, nanya: „Di Sumatra? Mangga teraskeun!”

„Cenah Jepang eleh perangna, di bom. Cenah, urang merdeka ......... Urang perang deui. Jelema ti kota ngarungsi. Bapa jeung Ema oge ngungsi ............ Aneh, nya ........ieuh, Ema teu kungsi ngaliwat ka dieu. Inget keneh, malah luak lieuk sagala, tuh lebah ditu teh ............ Dasar can aya kadar urang kudu papanggi.....”

„Harita mah abdi oge, tos ngungsi, teu tebih tuh ka ditu, beh tonggoh .......... Kapan Ema, harita Ibu Eneng palastrana teh, kapetelan ku pepecahan pelor mariem ............ Ibu Eneng nu miara abdi, nu ngawaris ieu imah sareng pakaranganana...

„Ieu teh warisan Ibu Eneng?”

„Muhun, Ma! Da teu kagungan ahliwarisna. Teu terang di mana, da salamina abdi di dieu teh, can aya baraya-barayana nu sumping. Abdi ge, sanaos aya serat hibatna, da pupusna teh di rumahsakit, upami tea mah, terang aya ahli warisna nu ngagaduhan hak, abdi moal ngoretkeun.”

„Heeh! Ari itu Abang?”

„Eta mah tilas carogena, Nikahna og¢ saparantos abdi aya di dieu. Abang urang Pasarrebo, tapi nya kitu bangsa langlang buana, tukang ngamen Lenong, dugi ka teu terang di baraya-baraya aca...... Hawatos, Ma! Ku abdi teh diaku Bapa pulung bae, da atuh rek balik-balik ka saha ........... tos Kolot! ..... Mangga Ema teraskeun!”

„Ema jeung Bapa sanggeusna ngungsi sababaraha poe kalunta-lunta, tungtungna mah ka kontrak deui, da kapan nu jadi juragan kawasana oge juragan Hup terus. Atuh Bapa jeung Ema nyiraruk di anjeunna, sagawe-gawe, mantu-mantu itung-itung nurut hirup,

107