Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

da kontrak teh waktu eta mah teu puguh.”

„Tah, sabot Ema sareng Bapa di juragan Hup piraku teu ngadangu hal Cecep?”

„Puguh oge, henteu. Ibu ramana oge teu acan aya beja ti Cecep di Sumatrana.”

Ema ngarenghap deui: „Emh!”

„Teu ku hanteu, Nyai! ....... Dina hiji peuting, bumi juragan Kawasa digarong, diborondong ku bedil. Juragan Kawasa dibawa, cenah ku gorombolan de-i. Kapanggih isukna tos jadi mayit, dipeuncit, ...........”

„Ari ibuna?”

„Ibuna salamet, nya teu kungsi lila mulih, cenah mah ka ibuna, aya keneh di Tasikmalaya ............ Ema jeung Bapa, nya harita mulang deui ka kota, balik deui ka sakola. Kabeneran ditarima deui jadi Bujangsakola, da nu jadi kapala sakolana oge ayeuna mah bangsa urang. Sakolana oge lain Milo, tapi Es-Em-Pe jeung Es-Em-A ........”

„Jadi, jadi ............ hal kang Cecep lebeng bae, nya Ema? .... Ehm, kumaha atuh abdi, Ma?” Empat ngalimba.

„Kumaha, kumaha tea?”

„Muhun, Ma! Da abdi mah, numawi dugi ka kiwari teu acan gaduh salaki teh, ngantosan ............ Cecep ......!”

„Ah, Nyai! Cecep mah, kapan cek Ema oge can kapanggih di mana dumukna ............ Anggur, ulah rek ngaruksak awak. Cek Ema mah, mending boga salaki Katurug-turug Ema mah sok hariwang, nenjo lalaki-lalaki nu daratang ka dieu. Enya geura, ari nu hayang teu dilayanan teh kumaha. Sugan ari nyai geus aya nu cocog mah, heg kawin, meureun moal aya nu wanieun”

„Mugi, wae, Ma, abdi sing kiat. Abdi bade ngantosan Cecep bae, Ma!”

„Enya, tapi Cecepna di mana?” Emana rada nyereng.

„Geuning Ema oge kaleungitan abdi, Ema tos teu kagungan sangka yen bakal tepang deui sareng abdi. Kadar ti Pangeran, saha nu terang enjing pageto Cecep sumping ka dieu. Da moal lepat sangkaan abdi, tangtos Cecep masih tetep neangan abdi.

Karaos ku Ema sareng ku Bapa, dugi ka Cecep kersa ngurus,

108