Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

VII

WAKTU Anemer Harjo datang ka imah pamajikan nu kaopat, nohonan wajib-adilna nu nyandung nyaeta kilir, kasampak pamajikanana keur nyekel surat. Can kungsi nanyakeun, pamajikanana bari imut, ngandung maksud geus miheulaan ngomong: „Aya serat ondangan kang, ti Bapa Mayor, bade nyepitan putrana, wengi ieu, ..... nanggap wayang, sindenna Neng Mimin ........ abdi hayang terang, ulah mung nguping dina piring wungkul,......... ngiring nya Kang!"

„Saha, saha?” Cek Harjo.

„Sindenna Neng Mimin!”

„His! nu ngondangna?”

„Pa Mayor nu sok sumping ka dieu tea.”

„Oh, heeh! Atuh kaondangan ka nu nyuntan mah, isukan bae isuk-isuk bari nyecep.”

„Mending oge ayeuna, abdi hayang nguping sorana Sinden ........... Bade dangdan, nya Kang?”

Harjo teu ngajawab, kalah ka ucul-ucul. Bingung, puguh, manehna rek indit, tapi ulah dipiluan ku pamajikan, lantaran jaba sok sieun kaboker teh, oge hayang nyaho-enya henteuna, dumeh meunang-beja ti Supirna, cenah geus aya tilu kalina Neng Mimin manggung aya jelema nu ngajagoan mayar lagu nepi ka salaguna sarebu.

Manehna hayang ngabuktikeun, saha manusana nu wani ngajagoan, malah ceuk Supirna keneh, eta jelema teh kungsi kapanggih keur nganjang di imah Neng Mimin.

Ku beja kitu teh, puguh wae matak panas kana hate Harjo. Manehna rek niat pisan indit, hayoh pamajikan hayang milu. Dibawa kumaha teu dibawa kumaha, jadi nambahan kapusing.

„Bade dangdos, nya Kang! Tuh tos tabuh dalapan.”

Harjo ngareret baeud, pok ngomong: „Mangsabodo .......... Akang mah rek mandi!”

110