Ti barang sup ka kamar mandi, bus mandi, nepi ka enggeusna, pikiranana acan manggih piakal piakaleun sangkan panajikan ulah milu, kumaha piekoleunana.
Manehna sup ka kamar pamajikanana, ka sampak keur diuk nyanghareupan kacagede keur ngageulis.
Harjo ngarandeg, nenjo kana kaca. Ebreh pisan pamajikanana kakara make beha, keur diwedak jeung keur mulas biwir.
Pamajikanana nenjo dina kaca, yen aya salakina mencrong, bari imut, nanya:
„Aya naon, kang?”
Manehna teu ngajawab, kalah ka diuk gigireunana.
Ngahuleng, ret deui, ret deui ka pamajikanana. Negabandingkeun geulis mana geulis mendi, antara pamajikan nu kaopat jeung Neng Mimin ........... „Ngora ieu, Tapi naha make bogoh deui ka Mimin?” ......... Eta kitu sorana? ............ Mun lantaran sora, atuh naha make hayang ngawin Mimin. ieu mah, ngora jeung geulis teh, budak hade .......... Mimin? Sinden ............ Sinden ...... kembang buruan. Sing saha bae nu daek metik ............, ah!”
„Hayoh atuh, Kang, geura dangdos. Abdi mah tinggal dibaju ....... Cik, tingali teu beureum teuing pulas pipina?” Cek pamajikanana nu ngarep-ngarep pangalem salakina.
„Henteu, ........ Atuh sorangan bae ka ditu ............ Engkang mah asa-asa rada cape.”
Pamajikanana ngajangilek, baeud.
„Mun tadi atuh sasauran, moal kituh, hanas tos dangdan!” bari ngajengket.
Ari nenjo ngambek kitu mah, sanajan bari bingung, teu burung ngucapkeun: „Heg atuh ............ ! Pek tuluykeun dangdanna. Akang mah teu pira make baju, moal diwedak, moal dibeureuman!”
„Naha abdi tong diwedak deuih?”
„His, ........ ieu mah Engkang lalaki moal diwedak soteh ....... Hayoh ah!”
„Bajuna nu kumaha Kang? Jeu bae nu brokat gedang-asak?”
„Heeh .......... tapi kapan rek lalajo Sinden, bisi engke tiris, mawa baju wol haneut.”