Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Muhun, nya! manis Kang ieu? Cobi tingali.”

Harjo kapaksa ngareret deui kana kaca, nenjo sabeuleu-geunjeur pamajikan meunang midang. Dipeleng, enya geulisna teh, leuwih geulis batan Sinden Mimin. Tapi naha nepi ka ka beulit ku itu? Nepi ka bro-broan cek babasan tea mah, mun barang bere teh. Manehna gogodeg.

Sanajan bari ruyang-reying, pukul 9 peuting kakara arindit.

Barang datang teh ka tempat ondangan, lain bae wayang geus prung, tapi oge ondangan-ondangan awewe lalaki geus rempeg ngaberes dina korsi cara golek dina gebog. Pamajikan Harjo mah ngarasa hanjakaleun pisan dumeh teu ngadenge sora Mimin dina lagu gedongduwurna, katurug-turug ku lantaran talangke basa rek inditna, diukna oge meunang korsi nu pangtukangna.

Mimin imut nenjo Harjo datang bareng jeung awewe. Pamikirna tangtu eta teh pamajikanana. Naha nu ngora, nu kolot, nu katilu duka teuing. Manehna teu rek pusing ieuh.

Ti antara nu lalajo, babakuna bangsa kolot tokroh-tokroh, lalajona teh resep ku ngadenge lalakonna jeung ucap-ucap dalang nu ngandung harti pulunganeun larapkeuneun hirup. Ku ngadenge nu keprok bungah jelema-jelema ku ngadenge sora Mimin teh, atuh puguh wae teu resepeunana, asa kaganggu nepi ka teu bisa ngadenge sora dalang.

Tapi ku lantaran leuwih rea nu resep kana sora Sinden batan kana lalakonna, atuh bangsa aki-aki teh ngan ukur bisa nyerengeh bari gogodeg.

21 - 22 - 24, jam satu, urang Karangtumaritis kaluar. Biasa Sang Semar Kudapawana sok pidato.

Biasa, mun geus pidato anduk-anduk sih pangampura bisi aya kakuranganana, sok nawaran ka sing saha nu rek pesen lagu jeung bari nyarayuda.

Harjo inget, cenah ceuk Supir aya lalaki nu ngajagoan, manehna rarat-reret hayang nyaho beungeutna, tapi atuh da diuk di tukang, katurug-turug lalaki-lalaki jeung awewe-awewe aya kana duapuluh lapisan, mangkaning salapisna aya duawelas korsi, can bisa nganyahokeun.

Ngamimitian aya limaan nu menta lagu, ti tilu lalaki jeung

112