Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

duaan awewe, ti antara nu disebut ku ki Semar. „Lagu hayam ngupuk, pamundut Ibu Harjo, lima ratus rupia.”

Entragan mungaran, nu panggedena ngan limaratus rupia. Tapi dina kaduana aya tujuhan, ti antara Ki Semar nyoara deui: „Limarebu ti Juragan Suryana, mundut lagu, sakadang Kuya.”

Harjo ngadenge limarebu, reng kesangna tina punduk. Manehna cengkat, nu mana ngaran Suryana teh tapi da kumaha atuh, kumaha bisana kanyahoan, da ngan disebut wungkul, teu dituduhkeun ku si Semar teh, Manehna asa-asa inget: „Moal kitu Suryana Direktur P.T. Jugala mah?”

Manehna noel ka pamajikanan, supaya pesen lagu deui sarta duitna sapuluh rebu.

Pamajikanana unggeuk, terus pesen lagu „kembangbeureum”, dibarengan ku duit sapuluhlambar sarebuan.

Beres lagu kembangbeureum, jol nu pesen lagu rondamalem ti Suryana. ki Semar nyebut duitna limawelas rebu.

Ngadenge ngaran Suryana jeung duit limawelas rebu. Harjo mani ngoprot kesangna, terus permisi bari indit ka pamajikanana rek kaluar heula sakeudeung, padahal nu puguh mah hayang nyaho beungeutna saha nu disebut Suryana tea.

Ana breh teh tetela enya, sakumaha tulupan manehna. Enya, Suryana teh Direktur P.T. Jugala tea.

„Meujeuhna ieu mah lawan teh,” cek Harjo.

Barang manehna geus asup deui, ujug-ujug ngajak mulang ka pamajikanana bari merengut.

„Engke atuh Kang!” Cek pamajikanana „abdi resep keneh. Abdi mah bade pesen lagu tepamgsono ........... limaratus wae.”

„His entong, era! Moal enya tina sapuluh rebu turun nepl ka limaratus. Entong ah, era! Era atuh ku ki Semar engke disebut ngaran Engkang...

„Naha atuh, Kang, tadi make sapuluh rebu!”

„Geus, ah! Hayu urang mulang bae ayeuna mah. Deui, kapan Engkang teh isukan kudu digawe ......... Hayu, ah!” Bari dikenyang.

Sanajan betah jeung resep keneh, pamajikan Harjo teu bisa kumaha, ngan dina waktu mulangna, ngarendeng dina mobil

113