teh ngan sakali kungsi ngomong: „Kang! Mun abdi tiasa tembang sapertos Mimin ........... Abdi mah hayang tiasa tembang Kang ........... Bade diajar ka Mimin!”
„Naon tembang! Naha hayang jadi Sinden kitu? Naon Sinden? Awewe kembang buruan!”
Teu kungsi dijawab harita. Tapi sadatangna ka imah, manehna hahariringan bari cucul-cucul papakean.
„Naon eta teh make hahariringan sagala ti peuting ieu teh!”
„Pan Mimin oge tadi wengi, Kang!”
„Hayang jadi Sinden tea ieu teh? Jadi kembang buruan?” Harjo rada nyereng.
„Baheula atuh Kang, ronggeng ........... kembang buruan soteh. Sinden mah, sanes-sanesna deui. Sinden mah Seniwati ...... ahli Senisora ........ Abdi mah hayang oge, sanes hayang jadi Sinden ........ Bade diajar ka Neng Mimin, nya Kang!”
„Tong, ah.......... Keun bae atuh pamajikan Engkang mah teu tiasa tembang oge.”
„Engkang mah ........... Ieu mah hayang tiasa tembang teh sanes keur nu sanes, keur abdi sorangan. Bade diajar ka Mimin, nya Kang?”
Beak karep keuheulna Harjo, eta ku nyebut Mimin deui Mimin deui. Jeung make nyebutkeun rek diajar sagala. Teu dijawab deui, leos bae ka kamarna dug ngedeng bari nyileuk, inget ka Mimin, ka Suryana, inget ka pamajikanana.
Isukna pabuburit Harjo indit ka imah Mimin, kasampak Mimin kakara hudang, ma'lum sapeuting jeput teu sare.
Datangna Harjo ka Mimin harita, cek anggapan manehna sorangan mah, rek ngabadamikeun hal peuting, hiji hal nu nangtukeun kumaha tungtungna. manehna geus karoroncodan lain saeutik, meh sakur kahayangna Mimin ditedunan, kari-kari ayeuna aya „saingan” cek urang Jakarta tea mah, nya-eta Suryana, jelema kandel, Direktur Pete (P.T.) Kumaha mun heg Mimin kabeulit ku Suryana, tangtu ngalamot curuk, mangkaning manehna asa pangheulana bisa mikat Mimin teh. Can kungsi nepi ka gurat-panganggeusan mun balap tea mah geus aya nu marengan nu sapantar atawa aya onjoyna.