Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Min! Mimiti Harjo ngomong, bari ngadeukeutan diuk ngaredeng dina korsi duaaneun, ka dieu geura Min malik, Kaka aya picaritaeun, penting.”

„Rareuwas ......... Naon Ka, penting-penting kitu!” Jawab mimin, nu tara tinggaleun ti kelet jeung imut, nepi ka Harjo poho deui naon nu rek diomongkeun.

„Ey ...... e ....... ta Min, eta .......... taeun.......... ieuh, geura nya, urang teh geus lawas, geus aya bulanna ........” Harjo ngomongna teu bisa nuluykeun.

Mimin nuluykeun omongan Harjo.

„Heeh ............, kumaha tea urang teh?”

„Ari kaka ............, menggah abdi mah, enjing mangga, ayeuna mangga, sok sumawonten siang, wengi oge mangga teh teuing.” Cek Mimin.

Kakara nepi ka lebah dinya sugan mah Harjo, mani bray rarasaanana teh bumi alam caang narawangan jalan langit katujuh. Manehna ngahuleng bungah asa reugreug, pageuh, geuning Neng Mimin teh teu ngoncewang nyaliwang sanajan geus kabeuli rebu-rebu ku Suryana oge.

.... tapi”, cek Mimin neruskeun caritana.

Harjo ngadenge Mimin ngucapkeun „tapi,” ari ret teh mungkeret hatena ku bawaning reuwas.

„Naon....... tapina teh Min?” Harjo neuteup ka Mimin.

„Dua rupi deui Ka, nu kedah ku Kaka disorang geusan urang nepi ka bisa kokojayan duaan di Talaga Firdaos teh.” Cek Mimin.

„Geuning mani dua rupa sagala ............ Naon tah?” Harjo nanya.

„Dangukeun Ka, ........... geura ........... Saperkawis, Panghulu moal ngidinan, Kaka nikah ka abdi ............ Teu kenging sanes, numutkeun Agama, pameget kagungan istri langkung ti opat?”

Puguh wae ngagebeg ngadenge ucapan Mimin kitu. Tapi gancang pisan ngajawabna teh: ............ Ah, eta mah sipil, serahkeun wae hiji, kari tilu deui, lain?”

„Sumuhun gampil sasauran mah, namung praktekna mah repot Kaka teh milih mana nu kedah dipasihan surat talak. Mangkaning abdi mah moal kenging dibobodo ............ Upami Kaka

115