Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/118

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sasauran ka abdi, yen Kaka parantos nalak istri saurang, namung teu kalawan nembongkeun serat talakna, abdi mah narah Ka!"

„Gampang eta mah, heg, masih kudu mawa surat talakna oge ............ iraha, isuk, pageto?" cek Harjo, ............. Nukaduana naon, Min?"

„Tah, saupami tos beres hal eta, ....... Kumaha perkawis tanah nu di sisi jalan ka Lembang teh?"

„Oh ........ hal eta? Kapan eta mah geus dibeuli, ngan kari gedongna bae," jawab Harjo. „Abdi kapengker, dicandak ka Lembang tea, jorojoy hate hayang cicing di tempat nu ayeuna tos digaleuh tea. Ti wangkid harita parantos gembleng, yen awal-ahir abdi bakal jadi istrina Anemer Harjo ......." Mimin imut. ...... Jadi eta tanah sareng-gedongna teh, nu bakal nyaksian mutlak perjodoan Mimin sareng Harjo, nu ku abdi dipuja-puja ........"

„Mimin mah" Ceuk Harjo, mani beukah liang irungna.

„Tah!" Mimin neruskeun caritana. „Nya di Gedong eta pisan urang ngaresmikeun perkawinan urang ........ urang duaan."

Harjo teu katahan napsuna, ku bawaning bungah, manehna poho, Mimin dirangkul ......... Tapi, gancang pisan Mimin nyegah: ......... Kirang sae, Omat, ulah kagungan manah bade ngotoran Mimin ............ margi talajak laku nu teu terang kana kahormatan awewe, sanes lalaki pisalakieun ........ Gagal, Ka, gagal! Emutan abdi, da engke oge Mimin teh istrina Harjo, mangga ayeuna geura laksanakeun hal nu dua rupi tadi tea......."

Reuwasna Harjo lain lumayan, nepi ka ngalumpuruk sideku menta hampura Ka Mimin.

„Mangga ............. piraku teu cekap cariosan abdi ..... Sakali deui emut! ......... Ulah aya manah ngahina ka Mimin, engke Mimin bakal hiber ............ huh! ngawang-ngawang, nu bakal teu tiasa pendak deui sareng Mimin."

„Moal Min, moal! Wani sumpah!" cek Harjo.

Teu kedah sumpah Ka! Lalaki mah, tara sieuneun doraka ku sumpah ..... Mangga ah, urang tuang sareng Mimin, tuh tos sayagi .......... itung-itung pakaulan nyalametkeun, yen urang

116