Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/119

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

........... (Mimin ngareret kana jam), pukul 19 kurang lima menit tos pada-pada ngabahekeun eusi hate, dieusikeun kana gelas sanubari, nu bakal dibuka deui dina wanci nu lastari disaksian ku para malaikat, dijurung ku pangdo’a mulus rahayu berekah salamet ............”

„Aamin!” Cek Harjo imut, bari ngaleng Mimin kana meja makan.

Sanggeus rengse dahar, dijajapkeun ku Mimin nepi kana panto, Harjo ngasongkeun leungeunna: „............. Wilujeng ngalamun Min!”

„Wilujeng ........... berjuang!” Jawab Mimin.”

117