VIII
ISUKNA Mimin kasemahan ku saurang Wanita nu manehna kakara wawuh. Papakeanana sing sarwa rebu mun dihargaan mah, katambah reunceum ku hurung-herang sing sarwa emas jeung berlian. Pangawakanana lenjang streamline (strimlain) cek barudak Crossboy mah.
Mimin sorangan, barang ret nenjo tamu, jero hatena kaget ku geulisna, bari nanya sorangan: „saha nya!" da kakara tea ka tatamuan eta mah; aya oge nu sok daratang ka dinya teh, nyaeta para-mojang nu hayang mekarkeun kasenianana bagian sora.
„Abdi teh Ceu! ........ Bojona Anemer Harjo," cek eta Wanita sanggeusna dicalikeun ku Mimin.
Puguh wae, barang ngadenge kecap bojona Harjo, lain lumayan kagetna teh. Kari-kari kamari salakina ka dieu, ayeuna datang pamajikanana. Katara pisan reuwasna' Mimin, nepi ka peupeureudeuyan meureumkeun panon sagala, tarangna ngariut.
Manehna inget ka jenatna Ibu Eneng, ngadak-ngadak buringas, marahmay, nepi kaget jeung hareungeunana teh musna teu sakara-kara.
„Oh, sumuhun............" Jawab Mimin bari neuteup ngucap dina jero hatena: geulis pamajikan Harjo teh. Terus dibanding-banding jeung dirina, nepi ka timbul rasa teu pikahartieun, Anemer Harjo make bogoh ka manehna.
„Enggal tumaros ............ Bade aya pikersaeun naon Eneng teh? Sisinanteneun!" Mimin nanya.
„Kieu Ceu! ............."
„Mimin mani dengdek-dengdek bae ku bawaning hayang geura ngadenge terusna, rada hemar-hemir, boa-boa pamajikan Harjo datangna teh rek ngadalak.
......... Abdi teh, kamari ieu lalajo wayang basa di Pa Mayor ......"
„Sumuhun!" Mimin keketegan
„Nguping, .............soanten Ceuceu..........."