„Muhun!”’ Mimin beuki tutunggulan.
„Abdi hayang diajar tembang, Cey!”
Na, ari bray teh hatena bungah, geuning datangna teh lain rek ngadalak.
Enggoning Mimin neuteup ka pamajikan Harjo, sinar panonna melesat kadia panah nanceb tina dada tembus kana tonggong, hayang nempo aya naon rasiah hatena, pangna pamajikan Harjo datang, ku banget teu percaya nyebutkeun hayang diajar tembang mah.
Ditenjo paromanana, ditilik budi parangina, dialap ucapanana bisi aya kecap nu nyelap, imut nu palsu, seuri nu pahili....... teu kapanggih,
Beuki reugreug hatena teh lain aya maksud hasud, boga niat jahat. Tuluy dipecak dititah tembang ku Mimin.
„Cobi atuh Neng! Kumaha upami Cianjuran.”
„Naon tea, Ceu? Kapati-pati, nya Ceu!..
„Tah, mangga! Ngawitan!”
Ana ngong teh tembang, Mimin hareugeueun, aya sora gahar kitu iramana, senggolna lain sora nu kakara diajar, ngan napas masih acan cukup kuat.
„Atuh soanten kieu mah, Neng! ............ Cik nu rada panjang ......... dangdang-gula bayubud!"
Kanyahoan ku Mimin, masih loba kakuranganana, babakuna napas, tapi sora cukup aya bakat. Dicoba tembang ka opat kalina teu nepi ka tamat, beakeun napasna.
„Ieu mah atuh kari ngagugurah bae Neng? Cekap lah, cekap!” cek Mimin.
Nu kakara diajar, ujug-ujug meunang pujian ti Guru, atuh puguh wae teu sirikna meledag beukah irungna.
„Naon gugurahna atuh, Ceu? Boa dilebetan cacingkalung ana tikoro!”
„His saneh, bohong tamah,maka cacingkalungku segala........ ku Euceu dipasihan ............ mung, rasiah!”
„Rasiah kumaha Ceu!”
„Sanes gigirahna rasiah, mung, kedah dirasiahkeun, Hartos na upami diucah-acehkeun sok cambal.”