Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Mangga! bade kumaha wae. Asal tiasa tembang.”

„Percanten ka Euceu, da Euceu oge upami tea mah sora sareng tembang Euceu dianggap sae, da kitu deuih digugurah heula kapungkur teh ku Guru Euceu. Sanes bae kapengker, dugi ka kiwari oge, teras-teras, da kedah saterasna.”

„Mangga Ceu, Sanggem!”’

„Sanes! Dupi Eneng palay tiasa mamaos teh, hoyong jadi Sinden deuih sapertos Euceu?”

„Ah, abdi mah keur abdi bae, karesep abdi ti bubudak — sora abdi keur abdi, tembang abdi keur abdi.”

„Kumaha tuang raka, sok pirajeunan resep kana mamaos?”

„Pun lanceuk mung nembe dugi kana resep ngupingkeun. Kapan nalika di Haji tea, kana soanten Euceu dugi ka kapan nu masak limarebu teh pun lanceuk.

Kanyahoan nyeblakna Mimin. Tapi gancang Mimin ngomong: „Dupi ti Eneng?”

„Atuh ti pun lanceuk mah sami bae sareng ti abdi, da harita oge artosna ti abdi!”

„Oh kitu Neng?”

„Sumuhun!”

„Wupi Eneng ka tuangraka teh tos lami?”’

„Teu acan! Nembe ge ............ teu acan sataun.”

„Geuning teu acan lami ............ nembean ka Enengna teh?..

......... Euh, ........... euh,........... nyaeta atuh, Ceu! Abdi katipu ku kang Harjo teh ............"

„Katipu kumaha Eneng teh?"

„Ah, eta mah lalaki ......... Da atuh Ceu, mani sumpahna oge, daek pondok umur sagala. Ana parantos ngajodo ka abdi, masya-Allah! Ceu, bojona teh ........... jadi sareng abdi teh opat, Ceu! Tos kieu mah jadi kagok-asong tungtungna mah narima kana kadar wae. Mangkaning abdi teh ti keur budak keneh tos embung kana dicandung teh ............ Nya-eta atuh, Ceu!’’ Ngarenghap.

„Eta mah Neng!” Mimin ngupahan, „pang tos aya sisindiranana: takdir teu bisa dipungkir, kadar teu bisa disinglar, papasten Gusti yang Manon ............

„Nya, kitu manawi.”

120