Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Dupi Eneng............ ,punten bae, saha kakasih teh?”

„Abdi? ............ Cucu!"

„Panginten atuh ............ matak lucu!”

„Ah, Ceuceu mah............ ! Cucu soteh abdi mah ............ bungsu, Ku Apa sareng ku Ibu sok di Ucu-ucu, dugi ka nelahna, Da ngaran nu sayaktosna abdi teh Siti Jubaedah.”

„Ibu-rama Eneng teh Haji?”

„Naha kumaha kitu, Ceu?”’

„Eta bae kakasih Eneng sapertos jenengan Putri Arab.”

„Apa, sumuhun tos ka Mekah, Mung Ibu mah teu acan.”

„Kumaha upami Apa-Eneng uninga, mangkaning Haji, Eneng ayeuna diajar mamaos sagala.”

„Teu sawios, atuh Ceu! Sareng Apa mah sanaos Haji oge, kana mamaos mah resepeun.”

„Oh, kitu Neng!”

„Rada aneh oge, da nu seueur mah ngaharamkeun.”

„Henteu Apa mah. Malah nalika nyunatan pun adi oge nanggap wayang nganggo Sinden deuih!”

„Oh ............ Itu sana ............ Neng ............mobil?” Mimin ngaranjug.

Cucu ngareret.

„............ Kang ............ Harjo!” Cucu reuwas campur bingung; Abdi bade nyumput Ceu!” Bari tuluy gura-giru asup ka kamar Mimin.

Mimin sorangan bingung, kagambar kumaha pijadieunana, nepi ka teu bisa nyaram atawa nitah ka Cucu.

Kumaha lamun heg sadatang-datang Harjo ngarangkul. ...... Cucu nenjoeun ti kamar, sok tada teuing gujrudna lamun nepi ka Cucu nyaho, yen Mimin kabogohna Harjo. Ari kanyahoan Cucu aya di manehna, teu matak jadi sual, eta mah tanggungjawab sorangan, atuh upami bae nanyakeun, naha nu matak Cucu aya di Mimin, rek terus terang bae yen Cucu hayang diajar tembang kalawan karepna sorangan. Tapi ieu, kumaha mun Cucu nenjoeun laku peta salakina ka Mimin, heg roman jeung petama teh cara ka kabogoh.

Tina ku bawaning Mimin bingung, nu sasarina mun datang

121