Harjo teh sok mapagkeun ka lawang, tapi harita mah terus ngajubleg diuk dina korsi, pias, teu puguh cabak.
„Samagaha yeuh!” Ceuk harewos hate Mimin.
Cucu, barang sup ka kamar Mimin, kaget nenjo eusi kamar tidur, da kamar tidur manehna oge, nu kasebut cek manehna mah asa pangalusna dibandingkeun jeung bogana Mimin mah tarima eleh. Cucu nepi ka gogodeg. Ret kana tempat tidurna, spre jeung sarung bantalna .......... saten. Lomari pakean, meja hias. Cucu terus-terus gogodeg ku panujuna hayang nurutan. Nepi ka poho, pangasup ka dinya teh, kapaksa dumeh salakina datang.
Manehna kakara inget, sanggeus manehna nenjo beungeutna sorangan dina kacahias.
Cek pamikirna, mun salakina nyahoeun yen manehna aya di imah Mimin, puguh teu bebeja heula, tangtu Harjo ngambek. Kumaha pijawabeun mun engke salakina nanya naha aya di dinya. Ku manehna apabolehbuat rek nyarita terus terang da enya atuh, yen datangna ka Mimin teh rek diajar tembang. Naha Harjo bakal senang, mun dijawab kitu? Cucu ngahuleng. Jol deui pananya tina jero hatena, naha Harjo make datang ka imah Mimin. Naha manehna teh tadi ka imah heula kitu? Wah, enya meureun! Ayeuna ka dieuna teh rek mapagkeun aing,” cek jawabna sorangan. Kakara hatena jempe sarta jongjon ngaca, milik kageulisan pribadi.
Ari Harjo indit ti kantorna, tacan nepi ka wayahna geus mulang, sarta terus muru ka Mimin teh rek nyaritakeun yen tadi tas ti jalan Lembang, nempo tanah nu meunang meuli tea, sarta geus pesen gambar pigedongeunana. Datangna teh wungkul rek agul-agul ka Mimin, nembongkeun kasanggupan kana pamentana Mimin, nyaeta gedong di sisi jalan ka Lembang keur papanganten engke, da ari sual ngurangan jumlah pamajikan opat mah cenah urusan gampang.
Pikiran Harjo, piraku teu kabeuli hatena Mimin mun dibejakeun kitu, sarta mun Mimin kabeuli hatena, meureun kumaha mah.
Ti barang jrut tina mobil, nyacat nepi ka panto tepas, teu eureun-eureun imut heula atoh memeh gok. Tapi barang nepi kana