Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

erang-erang panto, manehna ngarandeg, barang nenjo roman Mimin pias, da ari sasarina mah sok mapagkeun nepi ka lawang.

„Mangga calik.” Mimin ngomongna lentong.

Harjo ngadenge kitu, jeung petana beda ti biasa, nimbulkeun pananyaan nu lain lumayan dina hatena. Mimin jiga nu anyar pinanggih.

„Punten wae, awon tumaros, ti mana panglinggihan teh? Sareng bade aya pikersaeun naon?” Cek Mimin.

Harjo ngabugeug bingung, naha Mimin ngadak-ngadak jadi kitu.

„Mangga atuh linggih!” Cek Mimin teu kireun-kireum.

Nepi ka gekna diuk dina korsi, Harjo tetep ngabugeug, ku bawaning hareungeueun, teu kaharti, nepi ka ti balik kitu.

Mimin, enggoning nyandiwara kitu peta teh, tuluyna mah jadi bingung deuih, keuheul kahayang teh Harjo ngarti, heg jawab saperti cara semah nu kakara datang ka dinya. Tina ku bawaning sieun kaburu Harjo nyieun peta-laku cara nu enggeus-enggeus, tungtungna Mimin ngaleos.

„Mangga calik-calik bae heula, bade ngabantun cai-cai atuh!”

Harjo beuki bingung, ditambah rasa curiga beak teu katepi akalna, naha, sababaraha kali naha asa teu gugur teu angin Mimin jadi boga talajak kitu.

Ku ciptaan tadi, datang nepungan Mimin teh, bakal ditarima ku sagala kabungahan, kadang-kadang aya harepan dirawu ku imut, da rek ngawangkongkeun gedong nu model kumaha, jeung kumaha ngatur kamar-kamarna nurutkeun kahayang Mimin.

Beuki kaget pisan, barang jol Mimin bet duaan. Keur malaweung mikiran budi-basa Mimin, ari gok, pamajikan pisan aya dihareupeunana.

„Geu-geu-geuning Cucu!” Harjo merong. Tapi cepet pisan muterkeun omonganana: „............ Engkang teh ka bumi heula tadi. Cucu euweuh ........... Inget, Cucu rek diajar tembang ka Neng Mimin! ........... Nu matak Engkang ka dieu rek mapagkeun ......... Kumaha Neng Mimin! Tos diajar lagu naon?” Imutna dijieun-jieun.

„Tuang rayi mah, atuh, teu kedah guguru ka abdi, ..........

123