ey, soantenna oge ...........”
„Kitu Neng?” Harjo nanya.
„Kantenan!”
„Bohong ketang!” Cek Cucu, „Teu acan mantra-mantra ......... Saban enjing abdi ka dieu, nya Engkang?”
„M...........angga teh teuing!” Harjo gugup, ku pamikirna mun Cucu terus saban poe ka dinya, atuh manehna kumaha mun hayang tepung jeung Mimin.
„Ambeh tereh pinter nya Engkang, saban dinten mah,” Cek Cucu.
Harjo bari seuri: „Kumaha Cucu wae eta mah ............. Kumaha ayeuna! Rek uih ayeuna jeung Engkang, atawa bade dugi ka sonten?”
„Da atos atuh ayeuna mah ............ Uih wae, nya Ceu!”
Mimin nu ti tadi ngabandungan peta ucap antara salaki jeung pamajikan nu teu disangka-sangka bakal panggih di dinya, hate mimin teu sirikna nyikikik seuri. Pokona mah sandiwarana teh hasil, nyugemakeun.
„Eta mah kumaha Eneng ..........., sanaos aya widi ti raka .......... baeu teh teuing! Balungbang timur kangge Euceu mah.”
„Ah bade uih wae ayeuna mah, Ceu! Enjing ka dieu deui” Cek Cucu.
„Teu langkung ........ atuh!”
Bang Miun datang nanggeuy baki dieusi gelas tilu jeung botol cai-jeruk.
„Tah geuning!” Cek Mimin. „Ke ah ngaleueut heula!”
„Puguh wae ........ hayang nginum ti tadi!” cek Harjo, ...... Lain, Cu, Engkang teh mawa kuweh geura, tuh dina mobil .......... urang ngaleueut sareng Guru Cucu!”
Cucu ngageroan ka Supir supaya kuwehna dibawa.
„Tarces ti Braga ieu teh Kang?.. Cucu nanya.
„Heeh, pek ka dinyah!”
Mimin bari nyokot teh imut, hatena nyarita: „Meureun ieu kuweh teh keur ngirim aing.”
„Raos lah Neng!” Cek Mimin.
„Sabaraha mayarna sakola mamaos teh, Cu?” Cek Harjo.