Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Sumuhun, nya, teu acan tumaros ka Ceuceu."

Mimin imut: „Eneng mah, make mayar sagala ............., da Euceu mah tiasa tembang teh, upami disebut tiasa tea mah ku Eneng, sanes kenging guguru, kitu wae sakur nu dongkap kana ceuli diturutan, kadang-kadang ditambahan atanapi dikirangan da atuh harita mah teu acan aya sakolana. ........ Guguru sapanjang jalan Euceu mah. Teu puguh Guruna, atuh teu puguh bayaranana Sareng barina oge, na ......"

„His teu kenging kitu bae," cek Harjo.

„Nya eta mah, saha nu bau kana rejeki ............., mung ulah alit-alit Neng, upami bade mayar mah."

„Sabaraha atuh, Ceu?..

„Eneng mah, ah........... nanaonan, teu sababaraha ........ Pamali matak pecah duduluran."

Kusiwel Harjo nyokot duit şalambar enoltilu, dipasrahkeun ka Cucu.

Ku Cucu dibikeun ka Mimin.

„Tah, Ceu samínggueun," cek Cucu, di kana dampal leu- ngeun Mimin.

„Nanaonan Eneng teh!"

„Lumayan bae, ieu mah atuh, Ceu!"

„Nuhun atuh neng!"

Sanggeus pamitan, Cucu jeung Harjo dijajapkeun ku Mimin nepi ka inditna mobil.

Sorena Harjo datang ka Mimin.

Ti jauhna keneh Harjo geus seuri sorangan, ras inget kana lalakon sandiwara tadi isuk, Cucu teu nyahoeun, yen Mimin bakal jadi maruna.

Barang gok Harjo jeung Mimin, memeh pok ngomong geus seuri ti heula.

Atuh Mimin nya-kitu keneh. Ku barisa neundeun semu, nepi ka teu katara, jeung teu sakara-kara.

Harjo terus nyaritakeun maksud saenyana nu matak datang tadi beurang teh nyaeta rek ngabejaan hal nyieun gedong di jalan ka Lembang tea.

„Tong ageung-ageung, Ka! Alit tapi sari, bungalow lah!..

125