Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/128

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Enya, pageto oge geura gambarna ku Kaka dibawa."

„Iraha kinten-kinten piparantoseunana?"

„Tilu opat bulan klar!"

„Tereh atuh, nya Ka?..

„Atuh di lila-lila mah, cilaka ............ kumaha mun Mimin dicapluk batur. Mangkaning kamari oge, basa di Mayor tea, geuning geus aya nu meresekotan lima welas rebu!"

„Oh, sumuhun ........ Sanes persekot atuh eta mah ............ jelema kalap ku lagu Kembangbeureum ............ Kade garasina ulah lali!"

„Atuh ari make kudu nyieun garasi mah, kudu aya mobilna deuih!"

„Nya kantenan ....... Upami abdi hayang ka Kota?..

„Kudu meuli mobil deui atuh meureun Min! Da nu aya ayeuna mah teu bisa terus-terus diteundeun di ditu."

„Eta mah teu bade ngalalangkungan......"

„Kudu miara Supir deui, nya!"

„Teu kedah Supir mah. Abdi bade diajar nyupiran."

„Ku Mimin sorangan?"

„Sumuhun .......... Kapan upami urang duaan pasiar tea mah supados jongjon duaan, taya panon nu lian perlu lalajo."

Harjo imut leleb, kacipta dina wangwanganana, dina mobil duaan taya nu ngaharu-biru.

„Mobilna mah, mobil leutik wae nya Min, Fiat!"

"Fiat kodok? Ah, alim!"

„His, Fiat nu ayeuna mah lain deui. ....... Ke geura, tempo saminggu ............ Kaka datang ka dieu mawa fiat ............. Mun Mimin akur ku Kaka dibeuli."

„Atuh pan garasina oge teu acan didamel. Upami digaleuh ayeuna mah di mana diteundeunna."

„Gampang atuh, dua poe oge nyieun garasi saheulaanan mah anggeus. Di dieu heula bae diteundeunna ........... Jeung deui, Mimin pan rek diajar nyetiran."

Mimin kapiasem. Teu sangka karepna rek buru-buru ditedunan.

Harjo ti sanggeusna nyaho Cucu saban isuk sok datang ka

126