Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mimin, tara teh teuing sok isuk-isuk datangna, sabab sok sieun kaperegok.

  Atuh cucu terus-terus saban poe datang ka Mimin, kadang-kadang sok nepi ka sore, betah resep, enya-enya diajarna teh, katurug-turug, sakumaha nu geus dijangjikeun tea, ayeuna mah Cucu teh geus digugurah sagala, ditambah ku latihan narik napas panjang, sabab nurutkeun pandangan Mimin, kakurangan Cucu teh ngan kari kuat napasna wungkul.

 Ku apetna Cucu, Mimin mah pohara ngarasa bungahna, ku kituna teh Harjo tara remen datang teuing ka Mimin, malah mah sakali-kalieun nepi ka Cucu teh sok mondok di Mimin.

  Sakali mangsa waktu Harjo pasosore datang ka Mimin, ti jauhna keneh mobilna nitah distop ka Supirna, sabab manehna timburu hatena. Sanggeus nitah ka Supirna rerencepan supaya ngintip saha nu mikawani datang ka Mimin. Manehna teu tulus ka Miminna, da Supirna ngan bisa nyatet nomer mobilna wungkul, nu bogana mah teu bisa kanyahoan beungetna.

  Sajeroning balik deui, Harjo ngarasa panasaran hayang nyaho saha-sahana jeung rek nanyakeun naon kaperluanana. „Moal salah Suryana, tah manusana teh, nu ngajagoan basa kaondangan di Mayor tea.

  Peuting-peuting oge manehna merlukeun datang ka Mimin, malah dina datangna teh Mimin ngarasa kaget, jaba tara ti sasarina datang peuting teh, make buad-baeud sagala.

  „Lain Min, saha nu tadi pasosore datang kadieu teh?”

  Memeh ngajawab Mimin imut, kaharti pang baeud teh timburuan dumeh aya tamu datang.

  „Naha kitu Ka?”

  „Enya, saha?”

  „Urang Kota.”

  „Saha, jeung rek naon?”

  „Tos tilu kali ka dieuna teh Ka!”

  „Enya saha?”

127