„Tingali bae, tuh ninggalan karcisna, dina luhur bupet."
Kojengkang Harjo nyokot karcis, dibaca: Yayasan Kabudayan Nasional.
„Jelemana saha?"
„Duka saha jenenganana mah. Mimin kirang pariksa."
„Ari perluna, rek naon cenah!"
„Ke, ke ...... Ku naon Kaka teh bet jiga-jiga nu bendu ...... Teu kenging sok bendu matak tereh sepuh!" Mimin imut.
Kapaksa Harjo oge seurikoneng.
„Geus lah, tong ngadongeng .......... Rek naon eta urang Kota teh?"
„Sanes, naha tuang rayi Cucu teu sasauran?"
„Naha make aya patalina jeung Cucu sagala...
„Tuang rayi oge parantos nyanggeman bade ngiring."
„Naon ieu teh ngiring? Ngiring ka mana?"
„Cobi dangukeun ........ namung abdi bade sasanggem, Kaka kedah gumujeng heula supados panjang yuswa ..........."
„Mimin mah, hayoh geura pok-pok!"
„Dangukeun atuh sing ayem ...... Nalika mangkukna ka dieu, tuang rayi oge nuju aya di dieu. Malah eta tamu urang Kota teh kantos ngadangukeun mamaos Neng Cucu ......"
„Tong eureun-eureunan, hayoh teruskeun!"
Mimin seuri ngeunah mani nyikikik ............ „Tah, Ka, anjeunna, tamu tea mundut abdi sareng Neng Cucu ....."
„Mundut kumaha?"
„Supados abdi sareng Neng Cucu, engke di Kota ngiring maen dina Sandiwara ... Eta. Ka, bade nulung korban nu kacilakaan-kacilakaan kitu........... Ah, duka atuh Ah, duka atuh ............ Mung ku abdi teh, malah ku Neng Cucu oge, enggal bae disanggeman da keur nulungan nu kacilakaan tea."
Harjo ngahuleng kaharti, kakara marahmay. Manehna kungsi ngadenge di Kota, yen rek aya Pasarmalem nu hasilna bersih keur nulungan korban kacilakaan.
„Ku margi abdi terang Kaka teh sok ahli tutulung, teu nyuhunkeun paidin heula ka Kaka, enggal bae nyanggupan kangge sosial........."