„Eta Cucu ............ Naha geus bisa dika-hareupkeun?"
„Kaka mah ........ Guruna oge bakal katindihan. Geura mangga engke dimana sumping ka bumi Neng Cucu sina mamaos ......"
„Rek iraha cenah?"
„Dua minggu deui."
„Ari Ema jeung Bapa aya?"
„Aya bade naon kitu?"
„Ka Ema, unjukeun asa-asa hayang emam Kaka teh Min!"
„Mangga! Kaleresan da abdi oge teu acan neda."
Emana Mimin datang nyampeurkeun.
„Haturan Gan!"
„Kumaha Ema teh damang? Sareng Bapa deui?"
„Aya hibar Gan!"
„Hayang neda puguh Ma!"
„Mangga .......... nuhun. Ke ku Ema disayagikeun."
„Hayang sareng Bapa ngariung."
Kasim nolol, nyampeurkeun, terus munjungan.
Ditema ku Bang Miun, nu ti tadi ngadedempes bae di kamarna.
„Tah geuning! Urang ngariung sarerea Neng Mimin1"
„Bapa mah tos ti payun tadi. Mangga bae bade tuang mah sing raos!"
„Hanjakal! Atuh nyaresep di dieu. Ieuh aya surutu alit, raos geura!"
„Nuhun 1" Kasim mani bareng, jeung Bang Miun.
Sanggeus dahar, kira pukul 9 Harjo mulang, sarta terus ka pamajikanana nu ka opat Neng Cucu tea, make hayang ngadenge sorana Cucu ayeuna, sanggeusna dibejaan ku Mimin..........