Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/132

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

IX

SORA Mimin geus narapel, dina ceuli-ceuli jelema urang lembur jeung urang Kota, Sinden nu miboga sora jeung senggol nu hayang dipiboga ku Sinden-sinden sejenna.

Ngan hiji-hijina Neng Mimin nu bisa ngagedagkeun jiwa-jiwa manusia, nepi ka bisa kalap poho kana dirina.

Bapa-bapa Pete - Sepe (P.T. - C.V.) jeung Bapa-bapa Gede teu karasa sakuna dikeduk rebuan rupiah kasibat ku sora karamat Neng mimin.

Lain bae Bapa-bapa, tapi Ibu-ibu oge teu luput kairut ku genjot senggolna Neng Mimin, papanas-panas daunceuli nepi ka kepekna jadi lepet, balas dipake meulian lagu.

Komo para Bapa nu anom keneh. Eta mah lain bae kagendam ku sora emasna, tapi kapelet ku rindat jeung kelet, nu cenah kelet jeung rindatna sok matak kabawa sare.

Teu engeuh ieuh, sakitu Neng Mimin di mana tembang teh geuning sok mepelingan ........ „Bapa, ibu, daramel naon!”

„Ayeuna mah .......... Ayeuna dina Sandiwara Neng Mimin teh, lain wungkul rek mepende ceuli-ceuli jelema, tapi rek sulap ......... kabeh panon nu lalajo sina ngembang kadu, melong terus molongo........... ku nenjo rengkak-polahna dina adegan-adegan carita „Karangnunggal” dina panggung Sandiwara.

Sorana, imutna, rindatna, lengkahna kenesna ............. tembong kabeh. Neng Mimin dina eta carita drama tilu babak teh jadi Sripanggungna.

Di kantor-kantor, pagawe-pagawe pada nulis bon. Atuh nu teu meunang kas-bon apabolehbuat ka Pa Ende heula, atawa unjam injeum keur engke malam Minggu ka Pasarmalem, rek lalajo Neng Mimin dina sandiwara.

Kelas I karcisna Rp. 250,– kelas II Rp. 150,– tacan karcis asup ka Pasarmalemna.

Lain bae ti deukeutna, urang Kota, tapi ti jauhna, ti gunung-

130