Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

gunung, bangsa Bapa-bapa perkebunan pada turun, sanggeus maca iklan dina surat kabar yen Neng Mimin jadi Sripanggung.

Sorana mah puguh geus ngadenge, tapi rupana cenah, hayang nyaho.

Jaba ti hayang ngadenge sorana, hayang nyaho geulis-geulisna deuih; oge kapan eta Sandiwara teh, hasilna keur amal. Keur mah lalajona malem Minggu, isukan pere moal digawe.

Ka hareupeun lawang Pasarmalem daratang, ngaleut rupa-rupa merk mobil, rupa-rupa jip, rupa-rupa pic-up, malah treuk oge aya, dieusi ku jelema-jelema awewe-lalaki nu rek lalajo sandiwara.

Tukang-tukang catut karcis, pasuliwer, kakara oge pukul dalapan, harga catut geus naek Rp. 50,— Pi sapuluh meniteun deui kana maen, klas I-na, aya nu wani meuli nepi ka Rp. 500,— ...........tinimbang panon kudu pundung dumeh teu nenjo Mimin, limaratus ge ditebak bae.

........ „Duit bisa diteangan” cenah, cek nu sok nekad.

Korsi nu jumlahna teu kurang ti sarebu geus dieusi kabeh, pinuh kunu lalajo, awewe lalaki.

Jelema-jelema geus ret deui-ret deui ngilikan erlojina, hayang geura pukul 21.00, waktu ngamimitian layar dibuka.

Kajurung ku napsu guligah hayang geura nenjo, saban sekon disembur ku hawa ambekan nu ka luar tina sarebu kali dua liang-irung, rohangan Sandiwara jadi panas, nu nimbulkeun ngabarungsinang hareudang. Leungeun dikupat-kapit dijieun kepet, nyieun angin.

Nu ngaginding, dibaju dicalana wol, make dasi, dibuka kancing bajuna, digibrig-gibrig ngarah angin, bari humandeuar: Panas! Panas!” Mun teu inget kana kasopanan mah, mani hayang ngudaran.

Para Ibu, komo nu bayuyuh mah, tobat-ampun, sababaraha kali ngusap raray ku saputangan, nepi ka kulit salin jadi asal deui, da wedakna luntur kasapu ku kesang.

Nu pangheulana pisan nu kacumponan teh ceuli. Mimiti ngadenge sora gamelan. Hate gumbira. Hareudang mimiti kapopohokeun.

131