Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Jelema-jelema geus teu moyeg deui, sasadiaan panon ditenjokeun kana layar, pada sieun kapiheulaan nenjo naon nu aya engke mun layar geus dibuka.

Layar hareup diserelekeun muka. Gamelan jempe. Nu lalajo oge repeh. Nu kadenge ngan sora ambekan sorangan ku sorangan.

Breh tembres layar nu digambaran ditojo ku lampu kulawu, ngagambarkeun kebon enteh, parentul di jerona awewe ditariung bodas keur maretik pucuk enteh.

Jol Mandorpetik dicalana komprang hideung nengahbitis, dibaju kampret bodas, mawa iteuk ditopi boni.

Mandor diuk dina tunggul bari udud daun kawung.

Ngeng kadenge sora nu tembang lagu karangnunggal.

Geus tamat lagu Karangnunggal, Mandor gegeroan: „Nyai! Nyi Empat! Polostomo, Nyi! Ke ku Emang diperesen!”

Nu digeroan nolol tina sela-sela rungkun enteh, ngomong: „Sabaraha Mang Mandor?”

„Sabenggol salagu, Nyai!”

Ngeng deui sora tembang polostomo ..........

Nu diuk dina korsi nu kabeneran meunang nomer panghareupna, barang breh nenjo layar digambaran kebon enteh jeung parentul awewe nu metikna, teu ngucapkeun hade cara nu lian, jeung teu nyempad deuih. Pikeun dirina malah lain bae nenjo gambarna, tapi sapopoe nenjo wujudna kebon enteh jeung awewe-awewe nu maretik, mandor diuk dina tunggul. Geus teu aneh deui.

Tapi barang mimiti ngadenge lagu karangnunggal, tuluy Mandor nyebut ngaran Empat, lagu polostomo, hatena ngageter.

Beuki tambah olohok, jadi pikiran kana dirina dina waktu ngadengekeun lagu kembangbeureum jol hiji Pamuda nyampeurkeun ka Mandor, nanyakeun saha jeung kumaha tembangna.

Mandor nyalukan Nyi Empat. Nyi Empat ngelol, tapi barang nenjo Pamuda, sanggeusna imut, terus nyumput. Teu kadenge sorana deui.

Layar ditutup adegan ka hiji rengse.

Nu olohok, waktu nu nembang ngelol kadua kalina rada

132