Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

lila, aya waktu bisa nenjo beungeutna jeung imutna. Manehna ngahuleng, saperti aya nu diinget-inget. Manehna ngucapkeun: Lain ............ lain Empat ............ Tapi, naha lalakon caritana kitu? ............ Aya layar kebon enteh, di kontrak, aya Mandor. aya Pamuda, aya ngaran ............ Empat. Naon ieu teh?"

Dina babak kadua, waktu layar dibuka, breh teh: mojang nyanghareupan kacapi, ngalahun sirah Jajaka nu keur ngadapang. Ngahariring lagu ayun-ambing bari mentil kacapi - Dua tilu lagu.

Jajaka peureum beunta dina lahunan, sugema ngadengekeun surupan wirahna sora jeung jentrengna sora kacapi. Tengah-tengah lagu nu katilu hiji wanita rada kolot, gandang, kewes-pantes datang nyampeurkeun.

Barang gok nenjo, ujug-ujug ngawera: Keur nanahaon Cecep teh di dieu? Hayoh, geura uih ............!"

Nu keur kabingungan nu mikiran naha lalakon sandiwara bet kitu, nenjo Wanita nu morongos sarta nyebut „Cecep," manehna nangtung, terus mencrong ka wanita nu dina panggung tea. Teu katahan, nepi ka meletus tina sungutna, ucapan tarik: „Em --- pat!"

Wanita nu dina panggung nepi ka malik terus mencrong, nepi ka katara ngagebeg kaget. Tapi ku binangkitna, inget, kapan keur nyandiwara ― Gancang malik deui ka nu keur nyanghareupan kacapi ― Pok ngomong tarik cara nu ngambek: „Cecep! Cep Tatang! Hayu uih! Keur nanahaonan aya di dieul" - Bari ngarawu, nyekel ngahudangkeun nu keur gegelehean dina lahunan, terus digandeng dibawa mulang bari digelendung. Malik ka nu nyanghareupan kacapi, pok ngomong, „Sia, Empat! Sing gableg pucus, deuleu! Pan Cecep teh anak kami.― Sia mah kuli-metik! ............ ?" Layar tutup.

Manehna diuk, tungkul terus. Tarangna ditahan ku leungeun. Alam pikiranana mulang ka tukang, kacipta ............, yen eta carita teh lalakon manehna, ― lalakon Cep Tatang jeung Empat ― Ngan Empatna dumeh meureun geus rada kolot, nya jadi ibuna Cecep ............ Ari nu jadi Empat? Nu jadi Cecep? Duka teuing ............ Keun bae ............ Tapi tetela ............ Empat aya keneh, Empat hirup keneh ............ nu tadi, nu jadi Ibuna dina sandiwara.

Nepi ka lebah dinya, manehna geus teu kaampeuh, hayang

133