Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

geura gok, hayang luncat kana panggung ngudag Nyi Empat.

Lieuk ka dieu heurin, ka ditu heurin, boga angkeuhan da luncat kana panggung mah asa pamohalan teuing, anggur rek kaluar terus nguriling sugan aya lawang ti tukang. Tapi .........., layar dibuka, babak katilu.

Layarna mangrupa gambar gedong agreng ku pangeusina — Walanda Kontrak keur dideuheusan ku Mandorna — Walanda nitah ka Mandor supaya Empat dibawa ka manehna — rek dijieun Nyai, cenah. — Mandor mangkat — Walanda ngadagoan Mandor — datang mawa Nyi Empat — Walanda ngolo-ngolo Nyi Empat — Tapi Nyi Empat teu beunang diolo — Ahirna dipaksa — keur Nyi Empat satekah-polah ngalawan Walanda tea, jol Walanda sejenna (juragan Kawasa) dipisah .......... layar ditutup, tamat.

Teu antaparah deui manehna gurunggusuh, hayang muru megat ti lawang tukang panggung. Seseleke, seuseut seuat bisa maju ku uteyna jelema nu kabeh bareng rek ka luar. Mun leumpang lowong, ti tempat diuk manehna nepi ka tukangeun panggung teh moal kungsi limamenit, tapi harita ku lantaran heurin usikna bari bobolokot kesang teh meh satengah jam.

Ana datang ka tukangeun panggung, ditempoan bet aya lawang ti tukang, da asup kana panggung mah geuning ti gigir-hareup panggung.

Manehna bari hanjakal, buru-buru leumpang. Tapi, kitu keneh bae jelema masih keneh rea, atuh sanajan karep meded oge, teu bisa kumaha. Bari hate teu sabar kapaksa leumpang nguntuy nuturkeun bujur batur.

Sanajan kitu, ari nepi mah ka lawang teu burung, sarta sadatangna teh manehna terus ngajanteng di sisi lawang. saban beungeut wanita terus ditenjo dipelong. Jol lain jol lain, nepi ka corengcang, nepi ka nu ka luar teh tinggal nu daragang wungkul. Pukul satu bari lesu manehna kakara unggah kana jipna.

„Terus mulih ayeuna bae, Pa?” Cek Supirna.

Manehna teu gancang ngajawab. Gerentes hatena hayang neangan, rek nananyakeun di mana imahna Sinden Mimin, da nyaho ayeuna mah geuning Mimin teh Empat tea. Empat nu leungit tea. Empat nu terus ditalengteng ti bareto. Kari-kari ayeuna geus katenjo, geus moal nyalahan deui, geus leungit deui.

134