Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Duh, Pa! Cek Supir, „Sinden Mimin teh dina mobilna oge nyupiran sorangan Pa!"

„Hah! Naha Emang ningali, kitu?"

„Kantenan wae. Abdi mah ningal kaluarna ti lawang duaan, dituturkeun ku sepuh-sepuh duaan. Teras kana mobil. Fiat taun pangenggalna mobilna oge .......... Nyupiran ku anjeun .......... Hebat, Pa!.......... Kumaha, teras mulih wae ayeuna?"

„Ari karep mah ieu teh hayang mondok di dieu. Inget isukan Minggu oge rek aya Bapa Kapala ti dieu rek ngadon moro cenah .......... Urang uih bae ah!"

Tilu jam, meh bareng jeung bedug subuh kakara datang ka perkebunan Sindangsari.

Pukul 9 geus dihudangkeun, tamu ti Kota, Bapa Kapala, geus sarumping jeung tiluan rencangna.

„Geuning nembe gugah pribumina oge?" Saur Bapa Kapala.

„Nembe tadi tabuh lima subuh, abdi wangsul ti kota."

„Ningali sandiwara?" Cek nu saurang.

„Sumuhun!"

„Akang mah poho, teu lalajo, padahal karcisna mah geus meuli!" cek Bapa Kapala. „Kumaha ayi Surya, ayi Parta, naringal?"

„Kantenan .......... Rugi upami teu ningali teh! Da, eta mah Sinden Mimin, maen jadi Ibuna Cep Tatang, sugan mah .........."

„Ari eta," cek Parta, ..dupi nu jadi Nyi Empatna saha?"

„Nu jadi Empat eta teh Neng Cucu. Nu jadi Cep Tatang Maman, lanceukna Neng Cucu."

„Nu jadi Walanda Kontrakna, Anom Anton?"

„Wartosna mah Anemer Harjo, salakina Neng Cucu. Dupi nu jadi Mandorna, eta teh Bapana Neng Mimin, Pa Kasim."

Pribumi sajeroning ngabandungan nu nyaritakeun sandiwara peuting tadi, nu ku manehna mah jadi pikiran, nyenghel bae seuri koneng.

„Di mana eta teh rorompokna?" cek pribumi.

„Geuning make palay uninga bumina sagala?"

„His, eta bae engke upami nyunatan budak bade ngondang Sinden Mimin." Cek Pribumi.

135