„Lemburna teh Tepangsono. Teu tebih ti Cimahi ka Kidul."
„Lain, eta Mimin teh boga salaki?" Cek Bapa Kapala.
„Duka eta teh. Seueur nu naroskeun mung sadayana oge samar-samar. Di rorompokna teh aya dua lalaki. Nu saurang puguh bapana, nya Kasim tea. Nu saurang deui Bang Miun, tilas salakina nu kamashur Ibu Eneng tea, tos tilardunya. Bang Miun mah mustahil salakina, da tos-kolot, sareng sasat anak, da Neng Mimin teh sanggem wartos mah alona Ibu-Eneng marhum. Nu jadi samar-samar teh, eta Anemer Harjo. Naha salakina atanapi kabogohna, duka."
Pribumi mani dengdek-dengdek bae ngabandungan nu nyarita hal Mimin. Kacatet dina hatena, nepi ka bisa nyaho alamatna Mimin.
„Ke, ari urang moro tea kumaha?" Cek Bapa Kapala.
„Mangga!" Cek pribumi, „da tos sayagi atuh. Anjingna aya opat, Pamatangna cekap. Mandor-mandor sadayana ngariring ......... Dupi engke tuangna di mana? Di Leuweung atanapi di dieu bae?"
„Duka atuh!"
„Saena mah urang di ditu wae di leuweung." Cek Parta.
„Moal barabe teuing? Meureun kudu masak di ditu." Cek Bapa Kapala ...... Lain ge rek moro atuh, rek ngadon dahar!"
„Eta mah kumaha kurupna bae," cek pribumi, „di dieu mangga, di ditu mangga, da jalmi mah seueur. Manawi pun bojo sareng bojo-bojo na Mandor sina marasak di ditu!"
„Ah, entong, asa barabe pisan, tuang mah sayagikeun di dieu bae," Cek Bapa Kapala.
„Meuncit embe atanapi hayam bae?"
„Naon bae lah!"
Ti dinya, nu rek maroro bring ka leuweung. Atuh nu di imah para-istri nyayagikeun tuangeun keur engke taruang samulangna ti pamoroan.........