X
ISUK eta Mimin hudangna isuk-isuk. Can ge meletek panonpoe geus kurumuy ti enggon muru ka kamar Emana, sangkilang peuting tadi datangna ti Pasarmalem teh pukul dua.
„Ema! Ema!” Mimin ngagugubrag Emana.
Kabeneran Emana enggeus nyaring, tapi teu burung ari reuwas mah.
Beuki komo matak reuwasna teh, da barang panto dibuka, Mimin ujug-ujug ngarontok.
„Ieuh, Ema! . . . . . Ieuh!”
„Aya naon? Ku naon?” Cek Emana.
„Ieu yeuh! Empat ningal Cecep . . . . . Cecep oge ningalieun ka Empat!”
„Di mana?” cek Emana.
„Keur maen Sandiwara tea, tadi wengi . . . . .”
„Geus kitu kumaha?”
„Sumuhun patingal-tingal bae . . . . . Abdi harita maen teh nuju jadi Ibuna Cecep . . . . . Na, ari ret teh ka handap, sidik Ma, sidik Cecep Tatang, sanaos tos rada sepuh oge ayeuna mah. Da eta bae anjeunna oge harita teh dugi ka ngadeg. Sidik, moal lepat deui Cecep Tatang.”
„Enya, geus kitu kumaha? Naha Cecep teu nyampeurkeun ka Empat?”
„Har atuh, kapan abdina ge keur maen.”
„Enya sugan sanggeusna. Piraku ari enya mah Cep Tatang teu nyampeurkeun ka Empat”.
„Nyaeta atuh, Ma! Jelema mani utey tea, nu lalajo. Abdi oge dugi ka aya satengah jamna megat di panto kaluar, weleh, mani asa belel panon.”
Emana teu ngajawab ku hanjakal jeung bingung kudu kumaha, bet aya bangja teu daulat.