„Kumaha atuh nya Ma?"
„Kumaha atuh .......Tapi timbangan Ema mah, mun enya Cecep bener-bener ningalieun, sarta ingeteun yen enya Empat, moal boa tangtu bakal sumping ka dieu. Sabab neangan jeung nananyakeun Sinden Mimin mah gampang. Tapi mun neangan Empat, meureun ngan Ema bae jeung Bapa nu nyahoeun teh..........Ke, ari Bapa terangeun harita? Kapan Bapa oge, harita teh lain milu maen?"
„Sumuhun, Pan jadi Mandorna,"
„Tapi Geuning Bapa mah teu nyarita ka Ema."
„Atuh da tangtos panglingna. Kapungkur mah keur masih jajaka, ayeuna mah tos sepuh. Abdi oge pan harita teh nuju budak keneh, sanes?"
„Heeh! Tapi Ema mah, kawasna sanajan Cecep geus sepuh oge moal rek poho."
„Nya sapertos abdi wae . . . . . dugi ka dituruban taneuhbeureum oge moal hilap ka Cecep mah."
„Keun, isuk pageto oge geura sumping ka dieu. „Wani tataruhan......". Cek Emana.
„Abdi mah Ma! Mun sumping teh Cecep ka dieu, rek dirontok weh!"
„Ari cek Ema mah ulah kalangsu kitu. Bareto Cecep bogoheun ka Nyai, boa ayeuna mah henteu, kapan lain taun hiji dua, ieu mah huh! aya puluhan taunna; memeh jaman Jepang. Ti proklamasi nepi ka ayeuna oge geus aya sabaraha taunna. Kapan Nyai oge harita teh kakara umur limawelas taun basa mimiti tepung jeung Cecep teh."
„Ah, keun bae, Ma!"
„Puguh ari ngingetkeun kasono mah, mangtaun-mangtaun teu papanggih kari-kari ayeuna tepung deui..... Boa Cecep mah ayeuna geus kagungan istri, malah bisa jadi geus putraan........"
Mimin melong ka Emana, terus tungkul. Kasawang pirudeteunana, mun enya sakumaha omong Emana, Berebey cipanon Mimin rembes. Tuluyna mah nepi ka nyakclakan ngabaseuhan samping Emana.