Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Emana oge, jadi ngahuleng, ngahelas kumaha pibalukareunana.

Mimin ngajengket, bari inghak-inghakan asup ka kamarna nyuuh kana bantal di enggonna.

„Ku naon Nyai teh?” Cek Bapana nanya ka Emana, kagareuwahkeun.

„Lain, ari Bapana waktu peuting maen Sandiwara kungsi ningali Cecep Tatang?”

„Naon? Cecep Tatang?”

„Enya, da Empat mah kungsi nenjoeun.”

„Cep Tatang . . . . . Henteu urang mah. Geus kitu kumaha?”

„Enya kitu. Pang ceurik teh dumeh peuting nenjo Cecep . . . . .”

„Laillah . . . . . ha-ilelloh, Cecep . . . . . . Naha ari urang make teu nenjo. Emh, Cep Tatang.”

„Teu puguh ieu mah . . . . . Upahan ka dituh! Cek Emana.

„ . . . . . . . . Cecep . . . . . Cep Tatang.” Kasim jadi linglung, „Mun harita katenjo ku urang, geus moal antaparah deui, dicekel terus dibawa ka dieu!” Manehna ngaleos sarta terus ka kamar Mimin. Kasampak Mimin keur nyuksruk bae kana anggel.

„Tong jadi pikiran, Pat! Isukan oge tangtu datang ka dieu lah!” Cek Kasim bari terus ngaleos deui rek ka cai.

Bisa jadi sarta kaharti, mun Cep Tatang datang nepungan Mimin teh lantaran sakitu lawasna diteangan tur leuwih gampang mun neangan alamat Mimin, tapi ana inget kana caritaan Emana, mun Tatang geus boga anak pamajikan, kana moal datangna teh. Lebah dieu Mimin ngarasa bimbang, sarta ku bingbangna tea nepi ka nguyung teu berag cara sasari.

Mimin meueus-meueus lol nempo ka jalan, nepi ka limamenit terus melong molongpongna jalan, sugan jeung sugan heg Tatang datang. Balik ti jalan diuk ngarahuh jiga nu cape.

Mun aya guruh-guruh sora mobil, buru-buru manehna nempo ka jalan rek mapagkeun Tatang cenah.

139