Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/142

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sakali mangsa mah, isuk-isuk geus dangdan saged. Waktu ditanya ku Emana rek ka mana, rek kukurilingan di Kota cenah, sugan papanggih jeung Tatang.

Harita ku lantaran Emana ngarasa melang, dina mobilna teh dibaturan. Nepi ka pukul tilu meakeun bensin ngurilingan kota. Da puguh tadi oge susuganan, weleh nepi ka lieur Tatang teu kapanggih.

Ceuk Emana: „Bareto Cep Tatang nu kukurilingan, sugan aya Empat kumelendang, ayeuna Empat neangan Cecep. Bedana teh ari Tatang mah dina sepeda, ari Empat mah dina mobil."

„Enya...... Kumaha atuh, nya Ema?"

„Ayeuna mah urang mulang bae heula, heg engke mobil diadu ari lieur kieu mah. Atuh, mun masih panasaran, isukan urang kukurilingan deui."

Setir mobilna ku Mimin diputerkeun niat mulang bari bingbang, geregeteun naha teu kapanggih wae.

Reg mobilna hareupeun garasi, lantaran kaget bet dina garasina aya jip.

Buru-buru manehna asup ka imah. Barang muka panto tetela sakumaha sangkaan hatena tangtu aya semah.

Semah lalaki nu keur disanghareupan ku Bang Miun jeung Kasim ku Mimin dirangkul.

„Cecep!"

„Em -- pat!"

Mang taun-taun hayang tepung, malah ku tina lawasna nepi ka putus asa, teu sangka bakal panggih deui, mangkaning dua jiwa geus kabeungkeut ku geugeut, ayeuna gok pisan, Mimin lila nyangheuy dina dada Tatang.

Atuh gado Tatang nyangheuy dina embun-embun Mimin. Geuning tina kubawaning bungah, panuntungan bunggah teh bet kalah ka hujan cimata.

Tatang mah enggoning tepung jeung Mimin harita, geus nyahoeun lalakon jeung kaayaan Mimin, da geus dibejaan ku Kasim, waktu Mimin di kota keneh jeung Emana.

Tapi ari Mimin mah bolostrong pisan, nepi ka rarasaanana

140