Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teh Tatang baheula keneh bae, nepi ka embung lesot tina dadana Tatang. Lamun teu ku Tatang dituyun kana dipan, sarta kaselang ku Emana supaya dahar ngariung heula, jigana teh geus ulah rek papisah deui, — Tatang ulah incah tina rangkulan Mimin.

Sanggeus dahar ngariung, Tatang rarat-reret bingung, rek ngomong beurat pokna, teu pira ngan rek ngucapkeun pamitan.

Mimin awas pisan, da puguh terus ditengetan, barang asup ka kamarna, ngageblugkeun maneh kana kasur, ku bawaning keuheul nu sakitu dipisonona bet nyolowedor.

Tatang nenjo laku-peta Mimin kitu, kaharti, da manehna oge ari hatena mah moal teu kitu, tuluy dituturkeun sarta gek diuk sidengdang gigireun Mimin.

„Kieu Pat! Sing gede hate, Kaka ninggalkeun Empat ayeuna, lain cara Empat ninggalkeun Kaka, Bapa jeung Ema, nepi lawas ti lawas urang kakara bisa panggih deui ayeuna. Moal! Ayeuna Kaka pamitan mulang. Isuk atawa pageto Kaka ka dieu deui.

Bareto Kaka ninggalkeun Empat, lantaran ka sakola. Ayeuna Kaka geus boga kawajiban, nyaeta pagawean, ngurus perkebunan Nagara. Perlu sarta wajib dipirosea enya-enya. Jeung Kaka teh ayeuna mah geus boga anak-pamajikan. Eta oge kawajiban keneh. Sanajan kitu, Kaka moal rek luncat mulang.

Mun bareto Empat anu Kaka, kitu deui Kaka nu Empat. Ayeuna oge tetep. Kitu oge lamun Empat masih ngukuhan keneh.”

Leungeun Empat nyekel pageuh, kana leungeun Tatang.

„Ayeuna, mun Empat hayang lulus banglus Empat kudu ngidinan ka Kaka kalawan illas. Percaya . . . . . , Kaka isuk pageto ka dieu deui. Urang bisa lila cacarita nu urang ayeuna can perlu atawa acan waktuna dicaritakeun. Sabab boh Kaka boh Empat oge masih aya hal-hal nu kudu dibeberes heula, lain kitu?”

Mimin hudang, sarta terus ngabarengan Tatang leumpang kana jipna. Leungeun Tatang kakara dilesotkeun sanggeus Ta-

141