tang ngusap sirah Empat. Leungeun Empat gugupay waktu Jip Tatang mangkat.
Tatang dina jip jadi seuri sorangan, nyeungseurikeun sorangan. Bareto mah basa memeh papanggih, kacida pibungaheunana mun bisa tepung deui jeung Empat. Ayeuna kapanggih, puguh bungahna mah, tapi geuning disanghareupkeun kana rupa-rupa persualan. Panggih ku panggihna, sanggeus panggih datang deui hal anyar nu kudu dilaksanakeun, kudu dipikiran kumaha sangkan bisa tepi ka nu dituju.......Empat kudu jadi batur hirup Tatang.
Datang ka imah beuki ruwet, barang gok jeung anak mani salima-lima keur diasuh ku indungna.
Ku kituna datang persualan nu kudu diitung, dipikiran: goreng pijadieunana mun pamajikan nu teu tuah teu dosa heg diserahkeun kitu wae, katurug-turug anak mani salima-limana ....... Nyandung? Naha bakal beres-roes mun nyandung? Naha bakal daraekeun deuih mun dicandung? Kumaha barudak? Tetep jadi pikiraneun.
Langit angkeub, reueuk ngebeb, butek ruwet ngalampud uteukna Tatang.
Pabeurat-beurat beusi. Ditimbang, diayun-ayun dipikir dibulak-balik, jalan mana nu kudu disorang sangkan ulah ti kakarait, ti tatarajong, nu dipalar mun ngala lauk tea mah hayang beunang laukna tapi caina tetep herang ngagenclang, Mimin hayang kacangking, rumahtangga hayang ulah robah.
Dikorehan, dikotektak, dikali dicokelan, disasar sakuliah uteuk, ditanya kumaha akalna, kumaha carana geusan ngalaksanakeun ngolah parahu dua nu keur ngalun diumbang-ambing ku ombak sangkan ulah kelebuh.
Sababaraha kali ngahuleng. Bosen ngahuleng sugan pindah diuk, tina korsi ieu kana korsi itu nu bakal bisa nenjo ka luar nenjo alam lega, susuganan heg aya manuk atawa naon nu mere tanggara geusan mecahkeun karuwet hate. Hasilna ngan jentul jeung jentul deui. Jawaban nu katarima tina uteuk kalah ka malik nanya: kumaha.
Sugan bari leuleumpangan terus diuk handapeun tangkal