Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tanjung, nu dipalar seungit kembangna bisa mere beja. Hasilna, seungit tetep ku seungitna asup seger kana liang irung, tapi kumaha tetep kumaha keneh wae.

Tapi dina hiji peuting, tengah peuting nu keur meujeuhna jempling, Tatang ngahuleng meneng, mepet bayu pancadria, naha tafakur atawa semedhi, naha ku bawaning uleng baluweng duka teuing, ngan sanggeusna sababaraha jongjongan nepi ka Tatang sorangan poho kana dirina pribadi, sakedat netra aya ilapat sora teu nyaho ti mana jeung ti saha datangna. Basana teh pondok pisan: ba. . la.. ka.

Tatang ngagebeg inget, sarta terus ngucapkeun sababaraha kali cara sora nu kadenge tea: balaka, balaka, balaka ...... bari mikiran kumaha maksudna, naon balaka teh? Naha terus terang tea kitu balaka teh? Terus terang sabalaka, buka kartu carita ka pamajikan, yen dirina boga lalakon jeung Mimin. Naha bakal lungsur-lengsar mun nyarita ka pamajikan hal jeung Mimin? Moal boa matak ngajadikeun leuwih ruwet mah? . . . . . Tapi eta kecap balaka teh datang tina sora nu ghaib, sora suci asa piraku sora ghaib, sora suci bisa nyalahan. Gembleng, buleud Tatang rek nurutkeun sakumaha tugas ghaib, tugas suci, nya-eta rek terus terang ka pamajikanana.

Ayeuna ngan tinggal ngiker-ngiker wanci nu lastari, numbuk kana waktu pamajikan ngancik dina alam henang-hening taya ka hariwang. Ku pamikirna nya dina mangsa eta Tatang rek ngedalkeun eusi hatena.

Barudak geus rengse sarare kabeh. Di luar caang bulan ngebrak. Langit lenglang. Hawana sedeng haneut hareuyheuy. Pamajikan Tatang hudang ti tempat pangelonan budak, terus nyetel radio gelombang Jakarta, sabab tadi maca dina surat kabar jam 10 leuwih teh cenah kacapi-suling nu dipasieup ku tembang sora Upit Sarimanah.

Ti tadi mula Tatang terus-terus nalingakeun pamajikanana, sarta mun katenjo pamajikanana keur bungah, nya harita pisan bakal nembrakeun wakca-balakana, nyaritakeun nu geus sababaraha poe dikemu dina jero hatena.

Barang nenjo pamajikanana nyetel radio, ngong sora-emasna

143