Upit Sarimamah, atuh pamajikanana keur nyangkere dina dipan bari peureumhayam ngadengekeun, Tatang bari alangah-elengeh nyampeurkeun, gek diuk sagigireun pamajikanana.
„Aya naon Pa? Jiga imut kenging kabingahan? Aduh! Eta . . . . . nyeri. Kulit beuteung kacalikan!" Bari ngised saeutik.
„Puguh eta . . . . ., bet ari inget hayang seuri," jawab Tatang.
„Naon tea kitu?"
„Puguh Bapa teh tadi di kantor, maca . . . . . majalah, lucu teh."
„Kumaha kitu?"
„Tungtungna teh pikiraneun. Nepi ka ayeuna can kapanggih kumaha nyurupkeunana. Cik sugan ku Ibu geura!"
„Pok atuh!"
„Hiji jajaka turunan menak, bogoh ka budak awewe anak cacah. Ku tina pogot bogohna, nepi ka kapati-pati. Nu jadi sepuhna menak tea teu panuju anakna mun ngajodo ka awewe anak cacah tea. Si Jajaka keukeuh nepi jangji ka eta awewe kabogohna yen moal dek rarabi lian ti ka manehna. Teu ku hanteu ka eta budak awewe teh rea pisan nu hayang, da puguh geulis tea. Ahirna eta budak awewe teh leungit, teu puguh laratanana. Mangtaun-taun diteangan teu kapanggih, nepi ka nu jadi kolotna eta budak awewe tea kitu deui jajaka kabogohna nyangka yen geus maot. Kira-kira sawatara taun, cenah mah waktu eta budak awewe leungitna umur 15 taun, kapanggih deui sanggeus umur 35 taun.
Jajaka tea geus boga pamajikan jeung anak. Ari eta awewe mah masih lagas. Hirupna dina martabat nu teu kurang sandang pangan, tur diambeuan ku masarakat . . . . ."
„Tos kitu kumaha?"
„Eta majalah nyieun sualan. . . . ."
„Kumaha cenah?"
„Kumaha tarekahna, supaya eta jajaka teh nu ayeuna mah geus kolot, geus boga anak pamajikan, tapi hayang dibarengan jeung bisa mikanyaah, micinta ka eta awewe tea, tur lain make jalan nyandung. Kitu tah sualna teh?"