Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/147

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pamajikan Tatang ngahuleng, nyeh imut. Tas imut ngahuleng deui.

„Cik geura pok. . . . . kumaha tah mun kitu?"

„. . . Cek abdi mah, upami hayang mulus ka dieu ka ditu, kedah didadasaran ku ati-suci, cinta-suci, ku jalan:

eta awewe kudu diaku dulur, ―dulur sajati―, nu teu kahalangan dumeh geulis keneh, dumeh tos jadi beunghar, dumeh cacah atanapi menak. Pokona mah kudu dianggap saperti dulur....."

„Heeh! Tapi kumaha cara ngalaksanakeunana?"

„Gampil atuh Pa! Eta Jajaka tea bareng saluyu jeung pamajikanana, cara resmi-resmian mun cara ayeuna mah. Bareng datang nepungan eta awewe, barudakna bawa. Ku cara kitu, sagala napsu-napsu nu palsu bakal leungit sakedap netra."

Tatang ngahuleng, sarta teu kungsi lila pamajikanana, dipelong, ku sinar mata hikmat, kawas laku nu keur ngahypnos. Ana pok teh ngomong: „Bu! eta Jajaka teh Bapa. Kumaha tah, Ibu?"

Sanajan badanna henteu robah, tapi bisa kanyahoan gurilapan panon jeung gerakna iga, ngahanju nyandet ambekan, kaget, barang ngadenge ucapan Tatang kitu.

......Sanaos Bapa ku anjeun....... asal Bapa enya-enya terus jeung hate, tekad suci, geusan mulasara rumah tangga, tetep-ajeg dina ka beres-roesanana,.....tiasa .....

Katara beungeutna marahmay, bungah. Bener, ku jalan balaka teh mere gambaran nu bakal nyugemakeun.

„Cik pek ku Bapa dongengkeun, ari carita dina Majalah ngeunaan kana diri Bapa ku anjeun mah......"

„Moal naon-naon keur Ibu?"

„Asal maksudna suci hartina bakal mulasara kaajegan rumahtangga urang, Ibu mah, sanes bae moal naon-naon tapi oge bakal nyokong, sanggup jadi perantara, Ibu sorangan sanggup ngalaksanakeun dina hal pangakuan „dulur" antara Ibu sareng eta Wanita."

„Bisa Bapa nguping, kumaha cara ngalaksanakeunana?"

„Kieu bae eta mah. Enjing atanapi pageto, atanapi iraha,

145