Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mung tangtosna kedah saenggal-enggalna, urang sarerea malah budak oge perlu dibawa, eta Wanita teh urang tepungan. Tepung nu sipatna ngandung harti dulur. Ku jalan kitu sakaligus, harita keneh bakal timbul rasa dulur, cocog sakumaha nu ku Bapa dipiharep . . . . . Basana jeung tindak tandukna pasrahkeun ka Ibu."

„Gumantung ka Bapa ku anjeun, Bapa bener tangtos Ibu oge bener. Asal Bapa ka eta Wanita teh ulah aya sir bogoh tapi clak herang clik putih timbul tina hate cinta."

„Bapa mah enya-enya bener. Lain bogoh tapi cinta, nyaah."

„Muhun! Ibu tangtu benerna."

„Iraha atuh?"

„Kumaha Bapa bade enjing, bade pageto Ibu mah ngiringan."

„Kumaha mun poe Minggu?"

„Sae, ongkoh sahanteuna pan kedah kikiriman sagala itung-itung tilamsono . . . . . mangga geura dongengkeun ayeuna mah," Cek pamajikanana.

Jantung nu tadina tutunggulan, ambekan nu teu beres jalanna, ngadak-ngadak ayeuna jadi ayem tentrem, lungsur-lengsar sanggeusna Tatang ngadenge ucapan-ucapan nu jadi pamajikan, nu karasana matak genah pisan. Atuh dina prak ngadongengna teh make sempal guyon sagala, asa kahudang rasa jaman maranehna keur mimiti tepung semu paduduaan sili baca mata, sili uji ati.

„Tos ah, Pa!"

„Naha? Pan can tamat."

„Tos wae ah. . . . . tunduh!"

Tarang pamajikanana diusapan cara ngusapan anakna sangkan sare tibra.

146