Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

XI

KAWAS nu geus badami ti tadina, waktu Tatang sarimbit datang ka Tepangsono, kasampak aya tatamu.

Jip reg eureun diburuan. Mimin buru-buru mapagkeun sabab apal kana jipna, tangtu moal salah deui nu ngeusianana oge Tatang, nu diarep-arep saban wayah tea.

Ku ajaman Mimin di mana engke Tatang turun tina jip, ku Mimin rek diburu leungeunna supaya bisa bareng pakaleng-kaleng ka imahna.

Tapi, bari jeung kagok, lain leungeun Tatang nu ditarima teh, ieu mah leungeun pamajikan Tatang.

Teu asa-asa deui Mimin dirangkul jeung diciuman ku pamajikan Tatang sarta terus pakaleng-kaleng bareng leumpang ka jero imah.

Sajeroning leumpang bareng, Mimin ari dina jero hatena mah ngarasa dagdigdug teu puguh, da lain kitu maksudna, teu disangka yen Tatang datangna teh bet bareng jeung pamajikanana. Beuki ngarasa leuwih leutik hatena, geuning pamajikan Tatang teh lain wae leuwih ngora batan manehna, tapi leuwih geulis deuih.

Dina panto geus ditunggu ku Neng Cucu, oge dirangkul jeung diciuman. Lain pamajikan Tatang ngarangkul jeung nyiuman Neng Cucu tapi Neng Cucu nu ngarangkul jeung nyiuman pamajikan Tatang. Atuh ku kituna pamajikan Tatang oge nimbulkeun pertanyaan dina hatena.

Atuh ayeuna mah pamajikan Tatang teh sasat dibeyeng ku duaan sarta terus tiluan dariuk sakorsi, kawas jeung dulur nu geus lila teu tepung.

Tatang nurun-nurunkeun budak, terus mangku nu pangleutikna jeung nungtun nu pangais bungsuna.

Barang cat oge kana tangga tepas, geus ditunggu ku Harjo,

147