ngabantuan ngunggahkeun barudak.
„Geuning engkang aya di dieu?" Cek Tatang ka Harjo.
„Kapan ngahaja ngantosan," jawab Harjo.
„Naha terang ti saha kitu, abdi bade ka dieu?"
„Ieu mah jigana teh diondang ku Karuhun, urang sina ngumpul ngariung di dieu . . . . . Kaleresan ieu mah Ayi!" Jawab Harjo, bari terus diuk ngarendeng nepungkeun ka sonona. Padahal dina hatena, atuh Tatang nyaho yen Harjo teh kabogohna Mimin, nya-eta ti baturna nu geus ngawangkong basa rek moro tea. Kitu deui Harjo geus nyaho sanggeusna dibejaan ku Cucu pamajikanana yen Tatang teh kabogohna baheula, nu ku Mimin terus diarep-arep sarta ditunggu-tunggu. Pendekna Harjo teh geus terang tur ngarti lalakon sandiwara nu manehna milu maen, nyaeta lalakon Tatang jeung Nyi Empat alias Neng Mimin tea. Manehna ngarti paingan atuh Neng Mimin sakitu digodana, sakitu dihantem sagala kahayangna, hayang mobil hayang gedong ditedunan tapi masih kukuh pengkuh ka Wanitaanana, da aya nu ditunggu nya-eta Tatang. Ku kapengkuhan Mimin, Harjo eling moal rek neruskeun maksudna, Mimin moal rek dikawin. Katurug-turug kaubaran ku Neng Cucu, lain bae leuwih manis batan Mimin da puguh ngora keneh tea, pan ayeuna mah Neng Cucu teh geus bisa tembang, malah sorana jeung senggolna teu beda jeung sorana Mimin. Ku tekad Harjo ayeuna, Mimin teh rek dijieun dulur sarta boh mobil jeung gedong nu di jalan ka Lembang oge, moal rek dikoretkeun. Hal ieu teh geus saluyu jeung Neng Cucu pamajikanana. Tapi aya keneh nu jadi pikiraneun teh, nyaeta papanggihna Tatang jeung Mimin, kapan Tatang geus boga pamajikan.
Waktu Tatang diuk ngarendeng jeung Harjo, katenjo ku Mimin sakitu wanohna, manehna nanya: „Geuning eta Kang Harjo, jiga nu parantos wanoh pisan sareng Cecep?"
„Har! Atuh engkang sareng Bapa Kawasa Perkebonan Sindangsari mah, sanes wawuh anyar-anyar, batur ulin ti bubudak. Ayeuna, kapan gedong nu di Sindangsari teh beunang nyieun engkang."
Mimin bari pikiranana asa ngimpi, pajurawet jeung pabeulit,