sagala hal teu disangka jeung teu diduga, turun tina korsi terus mangku jeung nyiuman para-putra Tatang, malah nu bungsuna mah terus dipangku jeung dilahun.
Ema jeung Bapa Kasim ngadenge rame-rame di tepas terus nyampeurkeun.
Tatang bari rek munjungan teh ngabejaan ka pamajikanana yen eta Ibu jeung ramana Neng Mimin.
Pamajikan Tatang buru-buru turun sarta munjungan ka Ema jeung ka Pa Kasim.
Sarerea ngariung deui. Ema jeung Pa Kasim oge terus diuk dina korsi.
Sarerea imut, seuri bungah, tapi sarerea hatena pada sili-tanya, bet jadi kieu balukarna. Kabeh nyalahan tina sangka jeung dugaan nu diajam ti tadina.
Neng Cucu nu ngamimitian nyarita: „Tadi,......tadi, Ceu Mimin ka Bapa Kawasa Sindangsari nyebatna teh Cecep .......... Naha Cecep Tatang kabogohna Nyi Empat, basa dina sandiwara tea?"
Mimin ngabugeug seuri-koneng.
Sarerea nyerengeh bengong nu ditungtungan ku sili tenjo.
„Pan eta Nyi Empatna oge," Cek Harjo bari nunjuk ka Neng Cucu.
„Sanes ieu Anom Antonna?" Cek Tatang bari nunjuk ka Harjo.
„Itu tuh! Cep Tatangna mah," cek Mimin, nunjuk ka Maman lanceukna Neng Cucu nu harita keur ngawangkong jeung Bang Miun nu teu sabaraha jauhna.
„Ka dieu ngariung Cep Tatang?" Cek Harjo ka lanceukna Neng Cucu.
Lanceukna Neng Cucu bari alangah-elengeh mawa korsina, diuk ngariung.
„Pulisi-kontrak, maju ka dieu!" Cek Harjo ka Bang Miun.
„Munjungan ka dituh, Cep Tatang, ka ibu!" Cek Neng Cucu ka lanceukna bari nunjuk ka Mimin.
„Hayoh munjungan ka ibu!" Cek Harjo.