Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/152

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Lanceuk Neng Cucu, bari rada semu era nurut parentah adina jeung Harjo. Sampoyong rek munjungan ka Mimin.

Barang geus gep paantel leungeun Mimin jeung lanceukna Neng Cucu, kakara Mimin ngomong bari seuri: „Nanaonan ieu teh? Bet aya-aya bae."

Sarerea seuri rame.

Sapoe-jeput, dibarung ku balakecrakan dahar-leueut, pinuh ku semu, suka bungah taya papadana. Enggoning kitu teh dina hate pada seuri-leutik, ku teu nyana, ku teu sangka bet kitu pibalukareunana.

Ibu-Bapa Kawasa Sindangsari jeung putrana terus ngendong di Tepangsono, oge Neng Cucu. Ari Tatang, Harjo jeung lanceukna Cucu mah sorena oge terus marulang, ngan Maman dihaja sina teu mulang.

„Kumaha abdi kudu nyebat teh ka Ibu Tatang?" cek Mimin, sakali mangsa isuk-isuk waktu ngariung dina meja keur sarapan.

„Euceu, atuh!" Cek Neng Cucu miheulaan.

„Sumuhun, kapan Empat ka Pa Tatang teh lanceuk." Jawab Ibu Tatang.

„Kumaha atuh, pan yuswana langkung anom?" cek Mimin.

„Keun bae yuswa mah, atuh Ceu! Da kedahna kitu, „cek Neng Cucu," abdi oge Euceu wae bade nyebat teh..... Ceu ceu saha?"

„Ceuceu. . . . . Euceu mah Yati."

„Muhun!" Ceuk Neng Cucu," jadi abdi, sareng Ceu Empat nyebat teh Ceu Yati." „Sumuhun!" Cek pamajikan Tatang. . . . . Ari Neng Cucu ka Ayi Empat kumaha?"

„Abdi mah tetep Ceu Mimin atanapi Empat wae, sanaos Ceu Empat sok nyebat engkang oge ka Kang Harjo."

„Naha kitu?" Cek Yati.

„Parantos kagok. Ti ngawitan tepang sareng Ceu Mimin, nyebat teh sok euceu bae."

„Atuh entong disebat duanana teuing ngaran teh, ti ayeu

150