na urang kubur bae ngaran Empat mah da lalakonna tos tamat dugi ka panggung sandiwara. Kumaha mun Mimin bae atuh?" Cek Empat.
„Sae, sae kitu" cek Yati.
„Sae! Cek Neng Cucu," sareng . . . . . , sareng abdi nyebat Ceu Mimin teh, sugan wae teras katuliskeun jurig, jadi. . . . . lanceuk."
„Jadi lanceuk kumaha Neng Cucu teh?" Cek Mimin.
„Sumuhun ka kang Maman!" jawab Neng Cucu imut.
„Kira-kira atuh ngajangjaruhkeun teh. Atuh Maman mah budak, kapan euceu mah nini-nini . . . . . . Kira-kira atuh Neng Cucu!" Mimin seurikoneng.
„Ceu Yati . . . . . geura tingali. Cek saha nini-nini? Kajeun yuswana langkung ti urang, mung . . . . .
„Atuh da bubuhan teu acan carogean ari ku kitu tea mah. Teu cara euceu pan anak oge tos lima." Cek Bu Yati.
„Tong ngaheureuykeun ah ka kolot teh!" ceuk Mimin.
„Daek paeh Ceu!" Cek Neng Cucu, puguh ge abdi teh Ceu, jaba ti hayang teras jadi dulur cara pet ku hinis teh, oge kang Harjo, kang Maman oge ngaharewos ka abdi . . . . . "
„Mupakat!" Cek Bu Yati.
„Tos ah, stop! Euceu mah eraparada ngupingna oge. Piraku jajaka bogoh ka kolot!" Cek Mimin.
„Ari Euceu! Yaktos Ceu, yaktos! Malah Kang Harjo mah, mani tos nangtoskeun waktos nikahna oge. Gedong nu di Panorama nu di Jalan ka Lembang tea sasih payun teh beres. Tah sasih eta pisan euceu papangantenan sareng kang Maman teh . . . . . "Cek Neng Cucu.
Mimin ngadenge ucapan Neng Cucu kitu, ngahuleng . . . . . Berebey cipanonna kaluar. Terus nyium si Bungsu putra Bu Yati, nu aya dina lahunanana.
Mimin ngomong dumareuda: „. . . . . Euceu mah Neng Cucu, moal laki rabi rek ngurus ieu bae putra Ceu Yati limaanana. Da ieu mah kabeh oge anak Ceuceu," bari terus hiji-hiji dirangkul diciuman.
Keur kitu kapegat ku Ma Kasim mangkuan budak bari