ngerewih: „Ieu mah putu ema, putu Ema! . . . . . Hayu sarerea urang taruang, tos sayagi."
Brul sarerea ka dapur, terus ngariung dina amparan alketip, tuang balakecrakan.
Hayam bikang di buruan kongkorongok, anak domba nu keur kumincir ting alajret kila-kila bakal pinanggih jeung kabungahan.
Poe Minggu pukul 9, ti Perkebunan Sindangsari, Tatang datang, maksudna rek mapagkeun pamajikan jeung anakna.
Kawas nu meunang badami, Harjo teu kungsi lila deui datang ka Tepangsono.
Yati jeung Cucu keur ngawarangkong di tepas, masih ngobrolkeun hal Mimin jeung Maman.
Waktu Tatang datang nenjo taya saurang-saurang acan budakna, nanya ka Yati:
„Bu! Ari barudak di mana?"
„Keur diibakan ku ayi Mimin. Puguh aneh Pa! Bet barudak teh apet pisan ka Mimin teh. Komo eta mah Eti, abong rupana ge, geura Pa, na bet ku jiga Mimin . . . . . .. . . Deuih Pa, pajah teh Ceu Mimin, moal rek boga salaki, rek ngasuh budak urang wae cenah . . . . Deuih Pa! Ku Neng Cucu teh supaya Mimin daekeun ka Maman lanceukna Cucu tea."
Tatang, sajeroning ngadenge ucapan Yati, nyenghel weh, sarta barang nepi ka lebah disebutkeun Mimin rek direremokeun ka Maman, kakara Tatang ngucap.
„Kumaha jawab Mimin, daekeun ka Maman teh?"
„Nya-eta kitu. Rek ngasuh budak bae, cenah. Ari nu jadi alesanana mah, eta, pan Maman teh umurna sahandapeun Mimin."
Tatang imut, bari ngalieuk ka Harjo nu keur ngawangkong jeung Neng Cucu, nyaritakeun hal Mimin jeung Maman.
Harjo jeung Neng Cucu, nyampeurkeun ka Tatang jeung Yati.
„Ari Maman ka mana ayeuna kang?"
Cek Tatang ka Harjo.
„Kapan itu di kamar, sina mantuan Mimin nyalinan tuang