putra. Ieu, yeuh, ku tuang rayina sina mantuan Mimin. . . . ." Harjo imut leleb.
„Jadi kumaha terusna urang teh? Cek Tatang.
„Ku pun bojo, Mimin tos dipasihan gambaran, upami Mimin daek ka Maman, gedong anyar nu di jalan ka Lembang, puguh eta gedong teh kahayangna Mimin, ku Engkang rek dipasihkeun mutlak, sakalian sareng mobil Fiat nu sok dipake ku Mimin.
„Kumaha sanggem Mimin?" Tatang nanya.
Dijawab ku Neng Cucu: „Rupina mah cocog, mung kawasna wae aya deui kapalayna Ceu Mimin teh, nya eta tuang putra, supados tuang putra dipasihkeun....."
Tatang ngahuleng, ngareret ka Yati, pok ngomong: "Kumaha tah, Bu".
Mangga wae, mung tong sadayana atuh, Ayi Mimin dua, urang tilu."
„Kumaha mun dipenta kabeh?" Cek Tatang.
„Nya kangge kasalametan sadayana mah, mangga teh teuing urang oge tangtos masih pada ngiring nyaah." Cek Yati.
„Tangtos bae. Dina prakna mah nya ka ditu ka dieu bae." Cek Neng Cucu.
„Ke, ke . . . . . kumaha ari Ayi Maman, daekeun ka Mimin teh?" Cek Tatang.
„Puguh ge bogoheun pisan. Eta bae ti saparantosna ngiring dina sandiwara tea. Basa Maman jadi Cep Tatang." Jawab Neng Cucu seuri.
„Mun kitu mah beres dah! Leres Kang Harjo?"
Jep nu keur nyarita jempe cara gaang katincak, lantaran Mimin jeung Maman datang pada mangku jeung nuyun budak meunang ngadangdanan.
Sarerea pada nenjo bari arimut.
„Nah!" Cek Harjo, „ayeuna sarerea urang angkat ningali gedong nu di tonggoh tea. Kumaha mupakat?"
„Mupakat!" Yati jeung Cucu bareng.
Mimin pungak-pinguk, ret ka barudak ret ka Maman.
„Mupakat!" Cek Harjo, „hayu ah! Engke tas ningalian bu-